Nu mingpin eta gorombolan hiji jelema nu dedeg jeung Sembada;
paromanna kaciri bengis; manehna gancang nancepkeun bandera leutik digambaran
seuneu ngabebela. Nyata Gorombolan Singa Barong !


Ki Sarwa, enya ge lain Jago Silat, tapi manehna enyaan gede
wawanen, terus we maju nyanghareupan pamimpin gorombolan nu ayeuna megatan;
manehna ge kungsi ngadenge soal kumpulan Singa Barong, pok wae Ki Sarwa nyarita
tatag pisan, memang pantes Ki Sarwa jadi pamimpin :”sampurasun Ki silah ? Aya
kaperyogian naon si Kang Mas ayeuna nemonan Kula ? kenalkeun Kula Ki Sarwa ti
Giriresik.”


“Hahahaha !” Si pamimpin seuri mani ngagakgak. Terus nyarita
:”Bagea Ki Sarwa, Kulo Widagdo , Kulo nempo sampeyan ngaliwat ka ieu jalan; tah
Kulo datang ngahaja hayang kenalan.”


Ki Sarwa :”Na waktu ieu, kuring saparakanca masih
ngalaksanakeun parentah “Gubernemen” di Batavia; jadi teu tiasa kuring nampi
sampeyan salayakna; tah ayeuna mah kieu; kira2 naon kabutuh sampeyan; mun nu
kadada kaduga, Kuring ihlas bakal nedunan.”


“Hahahaha, wah sampeyan mani nekenkeun pisan kecap Gubernemen
teh; nyingsieunan nya !?” Hahahaha, tong salempang, Kulo ge moal gana2 megatan
bogana Kumpeni; ngan Kumpulan urang ayeuna keur kutud, keur susah ku duit cik
kuring menta sumbangan ka sampeyan.”


Gancang we Ki sarwa ngaluarkeun duit 50 Gulden; da memang eta
teh biasa pikeun begal nu sok ngahaja megat di jalan; nu kakara amprok jeung
rombongan Ki Sarwa; ti batan tarung, maning ge jalan dame; eta prinsipna Ki
Sarwa.


Barang nempo eta duit, Ki Widagdo nyureng; yeuh Kulo mah lain
begal biasa; enyaan Kulo mah menta sumbangan; jeung teu heroy ku babawaan
andika. Tapi Kulo menta sampeyan mere sumbangan 500 Gulden !”


Ki Sarwa mani ngagebeg ngadenge jumlah nu dipenta ku KI
Widagdo. Da tara aya nu menta duit sakitu gedena mah. Wah enyaan sigana mah,
ieu mah kudu tarung. Gerentes Ki Sarwa.


Keur kitu Jago2 Ki Sarwa daratang ngadeukeutan; maranehna ge
nyiapkeun senjatana; komo barang nempo Ki Sarwa siga rek ngalawan mah, para
Pangawal nyiapkeun diri.


“Hahahaha ! Rek ngalawan !? Naha teu sieun nyawa andika
sakabeh paragat di ieu tempat !?” Widagdo ayeuna mah ngancam. Ari anak buahna
kaciri beuki barengis beungeutna. 


Gancang Kapala Pangawal maju ka hareup; Ki Sarwa disina ka
tukang. Kakara ge siap2, Ki Widagdo geus ngomando anak buahna supaya nyerbu.


Atuh harita keneh anak buah Singa Barong geus ngayakeun
serangan; tapi pangawal2 Ki Sarwa ge teu mundur najan jumlahna ngan ukur
belasan; terus we ngayakeun perlawanan. Kakara ge sakeudeung geus kadenge bedog
ting galonjrang; bari disaput ku sora ting jarerit nu taratu. Ari kusir2 mah
ngan bati murungkut bari nyekelan kadali bisi kudana atawa kaldena kalabur.
Mangkaning geus pating hihiem jeung oek2an.


Lima anggota gorombolan nuju ka Ki Sarwa; ngan sakeudeung Ki
Sarwa geus kacangkalak; terus diborogod; taya nu bisa nulungan; da kaciri para
Pangawal ge pada kadesek. Malah Pangawal Pangjadugna geus rubuh kakadek ku
Widagdo.
Hanca


Kirim email ke