amat. Da kumaha lalakonna saperti kitu; moal bisa ditamatkeun sateuacan 
mangsa.sigana mah tos baroseuneun ; hoyong gura giru tamat. Tapi moaal bisa 
tamat kapaksa mah.

--- On Tue, 1/1/13, Narayana Adipranata <[email protected]> wrote:

From: Narayana Adipranata <[email protected]>
Subject: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 313
To: "[email protected]" <[email protected]>, "urangsunda" 
<[email protected]>
Received: Tuesday, 1 January, 2013, 1:04 PM
















 



  


    
      
      
      cersil fans club,....mana komentarna? asa jarang aya komentar ayeuna mah.
        Dari: Abbas Amien <[email protected]>
 Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
 Dikirim: Senin, 31 Desember 2012 17:10
 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 313
   















 



    
      
      
      

Ki Sarwa rada susah oge, lantaran manehna can ngajaran indit
usaha ka tatar wetan mah; wah naha aman atawa henteu ? mangkaning perjalanan
sakitu jauhna; pastina ge mulan malen. Ari gorobag mah teu kudu susah da eta
mah perkara gampang jeung murah; saratus gorobag ge gampang dijieunna; ngan
kuda pastina ge kudu nyewa heula. Tah rada hese ; da nu boga puluhan kuda teh
di lembur langka pisan.


Kabeneran di Sukabumi aya nu memang husus usahana ti na
nyewa2keun kuda jeung Kalde; manehna boga Ranch di Sukabumi; ngaranna Van
Houten. Eta teh Blanda Indo; nya beres we soal pangangkutan mah. Soal kusir
rada hese oge; tapi ahirna bisa oge ngumpulkeun puluhan kusir; ber we
kabehanana mangkat ka Tatar Wetan. Manehna mawa 15 Pendekar keur ngajaga di
jalan; Ki Sarwa reugreug oge nempo manehna ayeuna mawa balad sakitu lobana.


Manehna teu kudu mikirkeun harga barang; da cenah mah geus
Kontrak antara Kumpeni jeung Pangreh Praja di Jepara; ieu mah estu tinggal
ngangkut wungkul; lantaran cenah Pangreh Praja jepara teu sanggupeun mawa
barang sakitu lobana ka Batavia; tah ku sabab kitu Kumpeni menta Ki Sarwa nu
ngalaksanakeunana.


Saenyana mah, Ki Sarwa teh aya bungah aya susah; bungahna
lantaran dipercaya, susahna ku banggana eta pesenan/titahan. Tapi nya
dilaksanakeun we hese2 ge.


Perjalanan ka Batavia ti Jepara kawilang lancar oge; bari
jeung sapanjang perjalanan loba mere ka Oah2 di tempat nu diliwatan. Teu wudu
aya ka na 3 bulanna perjalanan, kakara nepi ka Batavia. Ki Sarwa Balik mucekil
bari reueus ku ti na geus hasil. Aya ka na tilu balikanana manehna hasil
nganteurkeun barang nu Kumpeni teh; kakara tuntas kira2 taun hareup, cenah.


Tah harita Ki Sarwa saperti biasa mimpin antayan padati nu
ditarik ku Kalde; ayeuna geus nepi ka deukeut wates antara Cirebon jeung Tatar
Wetan; ah da geus biasa maranehna reureuh heula bari nempo pamandangan ka Laut 
Kaler.


Terus maruka bebekelan; Ki Sarwa  oge ngilu ngariung dahar; ari Pangawal mah
Tiluan teu milu dahar sabab giliran jaga.


 Keur kitu kadenge kuda
bebenger; Kalde oek2an; nempo kaayaan kitu, nu tara2 ti sasari , para Pangawal
sayaga bisi aya naon2.


Ti na rungkun2 jeung kakaian nu aya di sisi jalan teu nyaho
iraha datangna ka dinya, marucunghul jelema2 marawa pakarang; terus ngepung Ki 
Sarwa
sabalad balad.
Hanca




    
     











    

    
     

    
    






  








Kirim email ke