Lain bosen bah, tapi pas uing maca cersil deui teh rada hese nyambungkeun rasa jeung emosina. Siganamah kualatan lila teuing ngadepong nungguan hancana. Ayeuna mah cersil teh datangna can tangtu saminggu sakali. Jadi carita samemehna geus kaburu poho manten. Teu jiga episod2 awal, unggal poe ngaburudul carita cersil asup ka email. Jadi emosi uing tetep ka beungkeut. Duka tah anu sejen mah bah....
Si Aliy Powered by Sinyal Telkomsel Odong-odong® -----Original Message----- From: Abbas Amien <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 2 Jan 2013 06:51:52 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Cc: urangsunda<[email protected]> Subject: Re: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 313 amat. Da kumaha lalakonna saperti kitu; moal bisa ditamatkeun sateuacan mangsa.sigana mah tos baroseuneun ; hoyong gura giru tamat. Tapi moaal bisa tamat kapaksa mah. --- On Tue, 1/1/13, Narayana Adipranata <[email protected]> wrote: From: Narayana Adipranata <[email protected]> Subject: Bls: [kisunda] Cersil Sunda 313 To: "[email protected]" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Received: Tuesday, 1 January, 2013, 1:04 PM cersil fans club,....mana komentarna? asa jarang aya komentar ayeuna mah. Dari: Abbas Amien <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Senin, 31 Desember 2012 17:10 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 313 Ki Sarwa rada susah oge, lantaran manehna can ngajaran indit usaha ka tatar wetan mah; wah naha aman atawa henteu ? mangkaning perjalanan sakitu jauhna; pastina ge mulan malen. Ari gorobag mah teu kudu susah da eta mah perkara gampang jeung murah; saratus gorobag ge gampang dijieunna; ngan kuda pastina ge kudu nyewa heula. Tah rada hese ; da nu boga puluhan kuda teh di lembur langka pisan. Kabeneran di Sukabumi aya nu memang husus usahana ti na nyewa2keun kuda jeung Kalde; manehna boga Ranch di Sukabumi; ngaranna Van Houten. Eta teh Blanda Indo; nya beres we soal pangangkutan mah. Soal kusir rada hese oge; tapi ahirna bisa oge ngumpulkeun puluhan kusir; ber we kabehanana mangkat ka Tatar Wetan. Manehna mawa 15 Pendekar keur ngajaga di jalan; Ki Sarwa reugreug oge nempo manehna ayeuna mawa balad sakitu lobana. Manehna teu kudu mikirkeun harga barang; da cenah mah geus Kontrak antara Kumpeni jeung Pangreh Praja di Jepara; ieu mah estu tinggal ngangkut wungkul; lantaran cenah Pangreh Praja jepara teu sanggupeun mawa barang sakitu lobana ka Batavia; tah ku sabab kitu Kumpeni menta Ki Sarwa nu ngalaksanakeunana. Saenyana mah, Ki Sarwa teh aya bungah aya susah; bungahna lantaran dipercaya, susahna ku banggana eta pesenan/titahan. Tapi nya dilaksanakeun we hese2 ge. Perjalanan ka Batavia ti Jepara kawilang lancar oge; bari jeung sapanjang perjalanan loba mere ka Oah2 di tempat nu diliwatan. Teu wudu aya ka na 3 bulanna perjalanan, kakara nepi ka Batavia. Ki Sarwa Balik mucekil bari reueus ku ti na geus hasil. Aya ka na tilu balikanana manehna hasil nganteurkeun barang nu Kumpeni teh; kakara tuntas kira2 taun hareup, cenah. Tah harita Ki Sarwa saperti biasa mimpin antayan padati nu ditarik ku Kalde; ayeuna geus nepi ka deukeut wates antara Cirebon jeung Tatar Wetan; ah da geus biasa maranehna reureuh heula bari nempo pamandangan ka Laut Kaler. Terus maruka bebekelan; Ki Sarwa oge ngilu ngariung dahar; ari Pangawal mah Tiluan teu milu dahar sabab giliran jaga. Keur kitu kadenge kuda bebenger; Kalde oek2an; nempo kaayaan kitu, nu tara2 ti sasari , para Pangawal sayaga bisi aya naon2. Ti na rungkun2 jeung kakaian nu aya di sisi jalan teu nyaho iraha datangna ka dinya, marucunghul jelema2 marawa pakarang; terus ngepung Ki Sarwa sabalad balad. Hanca
