Waktu harita loba lalaki nu sieuneun mun nempo Pendekar awewe ngaliwat teh; lantaran sieun ku Mawar Hideung. Jadi mun aya awewe ngaliwat, mending nyarumput we; teu nembongan. Hal nu kieu ngalantarankeun Nyi Epon kurang resep, lantaran asa euweuh hiburan sama sakali.
Waktu maranehna nepi ka Kota karajinan Perak, Kota Gede; waktuna geus burit pisan; gancang wae Utari neangan tempat nginep; tapi nyata parinuh; duanana hareran aya naon nya ? Terus we bari neangan tempat nganjrek, Nyi Epon jeung Utari tatanya; naha aya tamu ? tamu ti mana cenah ? naha lobaan ? Meunang jawaban enya aya tamu sudagar ti Tatar sunda rek ka Jepara cenah, rek ngangkut barang pikeun ka Batavia; maranehna ge mawa ratusan padati cenah pikeun mawa barang meubeler ti Jepara. Kapaksa peuting eta Nyi Epon sare diluar Kota Gede; untung aya nu daek narima. Nyi Epon hatena teu narima, ka na eta kajadian teh; ah hayang nyaho saha jelemana nu ngawasa kamer2 panginepan , nepi ka aing nyuruk2 ka imah batur ? Isukna manehna papisah jeung Utari; Utari mah terus ka Kartasura, ari Nyi Epon aya maksud rek nyusud rombongan sudagar ti kajauhan; sanggeus sababaraha poe manehna nempo Ki Sarwa nu keur mingpin; manehna mupuas Ki Sarwa ditawan ku gorombolan Singa Barong. Tapi sanggeus dipikir pikir ah naon salah na ki Sarwa ka aing ? Kapan manehna keur usaha ? wah kudu ditulungan ! Iraha deui aing jadi Pendekar ? Tah eta caritana Nyi Epon megatan eta gorombolan Singa Barong teh. Ayeuna gorombolan Singa Barong mimiti ngabelesatkeun kudana bari ngabar2 gobang rek nigas Nyi Epon; Ki Widagdo oge milu ngurubut! Hahahahaha ! Nyi Epon seuri blak ! plak ! ting jarungkel eta nu ngoroyok ti na kudana; ditadah tajongan Nyi Epon. Nyi Epon luncat ti na hiji kuda ka kuda sejenna ngagunakeun elmu hampang ragana nu memang istimewa; lantaran Nyi Epon memang loba dihususkeun ka na elmu ieu; atuh ngan sakeudeung loba pasukan Singa Barong ting jaloprak, dilabrak Pendekar Wanita Alas Purwo; sesana kalabur da nyaho maranehna jauh lain tandingan Nyi Epon. Sesana nu pasolengkrah diarantep we boro2 ditulungan. Hanca
