Ki Widagdo nu meunang dua kali deui sepakaan oge kaciri teu
walakaya; barang disampeurkeun ku Nyi Epon, manehna ampun2an.


“Sok gancang buka eta borogodna !” Nyi Epon nyentak. Atuh
bari Ngadegdeg Ki Widagdo, mukaan tali nu ngaborgol Ki Sarwa.


“Hahahaha , jung siah arindit ti dieu ! Pusing aing nempona
!” Cek Nyi Epon bari nulak cangkeng. Atuh sakabehna ting laleos bari
rumanggieung.


Si Epon nyampeurkeun Ki Sarwa pok nanya :”Eh sudagar songong
! saha ngaran andika ? ti mana lembur hah !?” Nyi Epon nanya kitu, lantaran
masih keuheul ka Ki Sarwa nu dianggap geus meakeun kamar panginepan di Kota
Gede.


Ki Sarwa masih olohok we nempo eta wanoja sakitu gagahna,
sanggeus ditanya terus we Ki Sarwa satengah nyenbah nyarita :”Duh Dewi ….”


“Tong duwa dewi … kuring lain Dewi … kuring Nyi Epon …” Cek
Nyi Epon bari molotot.


Ki Sarwa bari reuwas pok nyarita deui :” Duh Nyi Epon … Kula
nuhun pisan geus dit ….” Kakara ge sakitu, Nyi Epon nyentak deui :” eh jawab we
pertanyaan tadi tong loba komentar !”


Kapaksa Ki Sarwa ngajawab:”Kuring Ki Sarwa anak Ki Sarlita ti
Giri Resik !”


“Hahahaha ! Atuh deukeut Giri Resik mah ; hayu Ku kuring
urang anteurkeun, kuring ge rek balik heula ka Leuwiseeng.”


Atuh Ki Sarwa teh asa ditonjok congcot, ku bungah2na; menta
ge teu wasa; ari ieu ditawaran pisan; duh hate Ki Sarwa mani bungangang pisan.
Terus we sanggeus nepi ka lembur nu deukeut ka dinya Ki Sarwa meuli dua kuda;
nu hiji dibikeun ka Nyi Epon; enya ge Nyi Epon tara biasa naek kuda; tapi ku
sabab Pendekar, bisa oge ahirna ngawasa kudana; nya dius we duanana laju ka
kulonkeun.


“ Ha ha ha ha …………  !”
ti kajauhan kadenge siga aya sora seuri nyeungseurikeun polah Nyi Epon jeung Ki
Sarwa; tapi ari dilieukan euweuh jirim nu kaciri sama sakali . Ah dianggap
dedengeeun we … terus we duanana mangkat nuju ka Giri Resik.


Aya ka na dua mingguna perjalanan; Kacida resepna Ki Sarwa
babarengan jeung Nyi Epon teh; ari Nyi Eponna mah biasa2 we teu riuk2; lantaran
ari Nyi Epon mah geus biasa tea gaul jeung lalaki; jadi ayeuna babarengan jeung
Ki Sarwa biasa we; jeungna deui Ki Sarwa sopan; malah jiga nu kaleuleuwihi
sikepna ka Nyi Epon; nepi ka rada rikuh oge; ngan manehna inget baheula waktu
manehna babarengaan jeung kang Jalma sigana mah, kang Jalma ge boga perasaan
kitu ka manehna ; lantaran ayeuna Nyi Epon sadar kadang2 kaleuleuwihi miharep
Kang Jalma. Naha ieu Ki Sarwa miharep ka aing ? Cek Nyi Epon na hatena.
Hanca


Kirim email ke