Siti Rayati (46-50) Moh. Sanoesi
"Bongan baé engkang, ditambah deui ogé duitna teu ditampa, pokna ogé ngahaturanan baé sapalih." "Enya, tangtu moal nampa, tapi urang ngarti yén éta diduitan ku maranéhanana. Ayeuna mah enggeus teu meunang, dilarang ku engkang, bet nyonya resident ogé tara nitah meuli endog ka tuan kontroleur," saur pangawulaan bari semu nu bendu keuheul ka garwana. "Sajaba ti éta," saurna, "engkang méré inget, ulah sok ngadu deui. Eureun ayeuna mah, saha engké nu éra aya dina surat kabar." Istrina henteu sasauran deui, barang katingal ku anjeunna yén carogéna bendu, malah ti harita pangawulaan terus baé bengis, sautak-saeutik téh ngan ngageunggeureuhkeun baé ka garwana, tapi dasar adat geus jadi kulit jadi daging, ari kana ngepung babi mah rupana istrina henteu iasa miceun, nya buktina maling-maling baé, di mana pangawulaan ngaronda. Ku sabab éra ayeuna mah arang pisan katénjona aya tamu nu pantes sumawonna bangsa pangagung Walanda mah dina jero sataun, upama teu salah ngan tuan kontroleur baé jeung nyonya geus sumping sakali, kitu ogé aya perlu badamikeuneun. Beu komo deui bangsa partikulir mah, urut anu sakitu arey-areyanana téh unggal poé unggal peuting, ayeuna mah boro-boro nété ka kabupatén, nincak ogé pakaranganana ari lain kawénéhan-kawénéhan teuing mah, euweuh anu wani. Wallohualam naon sababna, ngan cék carita éta mah geus perwatek nu kitu, turunan ti karuhunna henteu dipiconggah ku somah. Jol upas mawa surat jeung surat kabar disanggakeun ka pangawulaan anu keur nyerat di kantor. Barang bréh ogé katingali adrésna ku anjeunna, geus teg baé dina manahna yén éta surat ti Batawi ti Gan Titi, tapi diingkeun baé heula ku anjeunna digédéngeunana, dituruban ku surat kabar bisi katingali ku garwana, sarta anjeunna tuluy baé nganggeuskeun seratanana. Anggeus nyeratna, surat ti Gan Titi tuluy dibuka, sarta sanggeus diaos tuluy diasupkeun kana laci méja, bari semu nu bingung, risi ngamanahan putrana anu ayeuna geus bumén-bumén ku anjeun, lantaran tuan van der Goud angkat ka nagri. Babu tukang nyeuseuh di tuan van der Goud ayeuna dicandak ngalih ku Gan Titi, sarta dibayar saperti baréto, malah salakina ogé ayeuna mah meutingna sok di bumi anjeunna baé ngabaturan. Anakna awéwé si Nani unggal poé mawa rantang nganteuran Gan Titi ka kantor, kabeneran bumina téh teu jauh ti tempat padamelanana, méh pahareup-hareup, ngan kahalangan ku Ciliwung baé. Kacida pisan éta budak dipikanyaahna ku Gan Titi, sagala kaperluanana jeung kahayangna ku anjeunna dipanggaleuhkeun, malah nu teu nyaho mah ku tina éta budak diasih-asihna, turug-turug kulitna beresih, rupana teu béda jeung indungna boga rupa hadé, nyarangkana téh nu teu nyaho mah raina Gan Titi baé. Ayeuna selang-selang tina padamelan, Gan Titi teu eureun-eureun neruskeun pangajaranana ngulik buku-buku babad, buku-buku tina perkara pergerakan-pergerakan politik, buku-buku kaperluan umum, anu ti baréto salawasna dipikaresep ku anjeunna, malah ayeuna mah ditambahan sok ngaos surat-surat kabar Malayu pangirim ti kenalanana ti Semarang, batur sakola anjeunna keur waktu disakola HBS, nu ayeuna jadi jurnalis. Loba pisan karangan-karangan jeung kritik-kritik beunang éta jurnalis anu salawasna ditanda NN, kritik-kritik nu Gan Titi kacida pisan panujuna sarta ayeuna anjeunna beuki jero, beuki loba ngulikna buku-buku anu perlu dikanyahokeun ku urang Hindia, supaya tambah loba pamandangan tina perkara nganyahokeun kumaha jalan-jalanna ngabéla rahayat anu cilaka. Sakapeung-kapeungeun anjeunna sok nyerat ogé ngadamel karangan dina basa Walanda, anu terus dikintunkeun ka kenalanana téa di Semarang miwarang disalin kana basa Malayu sarta terus dimuat dina surat kabarna, ngan sakabéh karanganana ditanda ku ngaran samaran baé. Ku lantaran sili baca karangan-karangan jeung kritik-kritik dina surat kabar tur sahaluan, sajalan, satuju jeung saperasaan, jurnalis NN katarik haténa ku Gan Titi. Gan Titi nyakitu deui, sarta lila-lila asal batur jadi dulur, leungit wawuh tinggal cinta. Jalma-jalma babakuna kenalanana geus loba nu nyaho yén Gan Titi tundangan jeung hiji jurnalis di Semarang. "Post," cék pasuratan di hareup mawa surat kabar kira-kira pukul dalapan peuting. "Nani," saur Gan Titi, "cokot surat di hareup," bari tuluy anjeunna miwarang babuna bébérés urut tuangna. Nu pangheulana dibuka ku anjeunna surat kabar Malayu pangirim ti Semarang, ningalian sugan aya karangan tundanganana. Rét "NN" katingali ku anjeunna handapeun karangan anu alamatna "REGENT DENGAN RAYATNYA," hiji kritik anu keuna ka hiji regent di tanah Jawa. Dina éta karangan dicaritakeun ka teu panujuan NN kana tingkah lakuna éta bopati, tingkah laku jeung talajak anu matak ngarugikeun ka rahayatna. Loba kalimah-kalimah NN dina éta kritik anu geus moal salah deui urang anu matak satuju, babakuna pihak rahayat. Karangan NN tamat diaosna ku Gan Titi, surat kabar dilésotkeun tina pananganana, bari imut ngagelenyu semu nu bungah, panuju jeung kritik beunang tundanganana anu sakitu pedesna, tapi manis, keuna, ninggang kana wirahmana. "Akh, keun rék dikirimkeun ka mama," saur anjeunna dina manahna, sarta tuluy éta karangan sisina digurat ku patlot beureum, terus ditilep sarta diadrésan. "Gan," cék si babu, "itu kangjeng sumping dina mobil." Gan Titi lumpat ka hareup mapagkeun ramana. "Nyalira baé mama?" Saur anjeunna. "Sorangan Ti, puguh mentas ti Bogor tas ngadeuheus ti tuan Besar," bari anjeunna bareng angkat ka jero bumi. "Naha mama téh teu damang, langsip-langsip teuing." "Puguh batuk Ti, jeung ongkoh loba pagawéan ayeuna mah." "Badé ngaleueut aer Blanda sareng és, mama?" "Cai entéh baé, Ti!" Gan Titi gancang bari semu nu suka ngadamel cai entéh, sarta tuluy dicandak ku anjeun ka ramana, anu keur calik dina korsi bari rurat-rérét ningalian paparabotan bumi putrana anu henteu loba sarta teu mahal hargana, tapi parantes, barérés, sarurup kabéh naringgang, araya dina tempatna. "Badé tuang mama," saur anjeunna. "Hadé, tapi mama geus lila teu dahar sangu Ti, dicarék ku dokter. Nyieun Stup baé saeutik, boga koki? Tapi mama hayang mandi heula." "Kantenan baé gaduh mah!" "Saha, empo meureun nya?" "Sanés, urang Sunda, tukang nyeuseuh ka pengker di tuan van der Goud," bari si babu digentraan ku anjeunna. "Aéh enya baé, heueuh sing bageur manéh di dieu nya, kawulaan agan. Saha ngaran manéh téh?" Saur pangawulaan mariksa ka babu. "Patimah," wangsulna. "Mawa lampu ka jamban bu," saur Gan Titi. "Jeung si Nani sina ka dieu." "Saha si Nani Ti," saur ramana. "Anakna si babu. Éta téh unggal dinten nganteuran abdi mawa rantang ka kantor." Sanggeus tarapti, pangawulaan geus siram jeung geus tuang, tuluy anjeunna calik di tengah bumi dina korsi panjang. "Ari ieu surat kabar saha Ti, Malayu?" saur anjeunna bari ningalian gambar tijdschrift "Reflector". "Ari ngalanggan mah henteu, aya baé nu sok ngirim ti Semarang," saur putrana, "nanging seueur ogé carios anu saé. Malah tadi abdi ngadrésan hiji bieuna mah badé dikintunkeun ka mama, aya karangan saé téh lucu," bari surat kabar anu karangan NN téa ku anjeunna dicandak tuluy disanggakeun ka ramana. "Ieu Ti, naon dicirian ku patlot beureum?" "Sumuhun," saur Gan Titi bari calik digédéngeunana. Kira meunang sapuluh menit ramana ngaos éta karangan, tuluy surat kabar dilingkupkeun deui ku anjeunna, bari ngarérét ka putrana sarta rarayna katara semu nu kaduhung ngaos éta kritik, manah teu panuju jeung lelembutan. "Saé nya mama!" Saur putrana bari imut. "Wah ... euweuh piomongeun baé éta mah Ti ... bari keur naon ... sok maca surat kabar nu kitu," saur ramana anu sasauranana pepegatan kaselang ku gohgoy, anu geu tilu bulan dilandongan ku dokter, "Saha éta NN téh Ti?" "Terang ti mana abdi, ngan abdi mah badé dikintunkeun sotéh ka mama, pédah panuju baé kana tulisanana, da yaktos éta téh kitu, teu lepat." Ramana mentegeg dina manahna, nyaurkeun putrana panuju. Ari rék dibantah ku anjeunna, atuh da anjeunanana ogé ari mamanahan nu saenyana mah, mémang henteu iasa nyalahkeun kana éta karangan, ngan rupana baé, bubuhan jeung sasama pangkat pada jaradi bopati, saiasa-iasa anjeunna palay nyimbutan kagorénganana. Jung tina korsi anjeunna ngadeg, angkat kana jandéla ningali ka jalan, bari ngamanahan kumaha akalna supaya anjeunna uninga bener henteuna majar putrana geu tundangan saperti nu geus kadangu ku anjeunna, tapi palay kalawan hérang caina, beunang laukna. Rét anjeunna ningali kana kenap di juru, nu pinuh ku potrét-potrét bari tuluy ditingalian hiji-hiji. "Ari ieu saha Ti, siga urang Jawa?" Saurna, bari potrét dicandak ditingalikeun ka putrana. "Batur sakola abdi, kapengker di Semarang." "Ari ayeuna jadi naon?" "Jadi rédaktur ..." Teg baé dina manah ramana, yén éta moal salah deui tundanganana GanTiti tuluy anjeunna calik deui dina korsi gédéngeun putrana. "Ti," saurna, "ayeuna mama rék nyarita ka Titi, tapi poma ulah rék ambek atawa ngarasa teu ngeunah. Selenting bawaning angin, mama téh manggih béja yén Titi geus boga pisalakieun; kacida pisan mama bungahna, lantaran ti baréto ogé éta nu diteda beurang peuting téh, nyaéta ku sabab mama geus ngarasa sakieu ripuhna, komo ayeuna mah geus boga kasakit batuk, biheung isuk biheung pagéto mama téh. Tapi ari geus puguh mah nénjo anak boga salaki meureun mama téh moal aya kabeurat, ngan baé ayeuna méméh kawin, mama hayang nyaho heula ka saha." Gan Titi tuluy ngalésotkeun padamelanana bari imut ningali ka ramana. "Kapan tadi parantos uninga mama?" "Iraha ...?" "Tadi, geuning potrétna dicandak, anu saur mama siga urang Jawa téa." "O ... éta bener, teu salah sangkaan mama ogé," saur ramana bari nyandak surutu tina tampekanana. "Éta téh anak saha Ti?" Gan Titi terus baé nyarioskeun panjang lébar ka ramana ngunjukeun sajarah turunan tunanganana jeung mimitina anjeunna kagungan manah ka dinya. Pangawulaan sajongjongan mah teu sasauran, handeueul pabaur jeung keuheul, teu panuju béak karep putrana rék ngarangkep jeung hiji urang partikelir, turug-turug nyekel gawéna kana surat kabar, anu salawasna dipandang ku anjeunna jelema atawa pagawéan anu panggoréng-goréngna. "Éta téh gedé gajihna Ti?" Saur anjeunna, bari semu nu ngahina ka tundangan putrana. HANCA
