Hatur nuhun pisan Abah Aa.... Katampi pisan Nuhun Den's
At 12:45 06/01/2013, you wrote: > > >Tah dikintun deui no. 314 na. Naha nya teu nampi ? > >--- On Tue, 1/1/13, Abbas Amien <[email protected]> wrote: >> >>From: Abbas Amien <[email protected]> >>Subject: Cersil Sunda 314 >>To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" >><[email protected]> >>Received: Tuesday, 1 January, 2013, 10:56 PM >> >>Nu mingpin eta gorombolan hiji jelema nu dedeg jeung Sembada; paromanna >>kaciri bengis; manehna gancang nancepkeun bandera leutik digambaran >>seuneu ngabebela. Nyata Gorombolan Singa Barong ! >> >> >>Ki Sarwa, enya ge lain Jago Silat, tapi manehna enyaan gede wawanen, >>terus we maju nyanghareupan pamimpin gorombolan nu ayeuna megatan; >>manehna ge kungsi ngadenge soal kumpulan Singa Barong, pok wae Ki Sarwa >>nyarita tatag pisan, memang pantes Ki Sarwa jadi pamimpin :âsampurasun >>Ki silah ? Aya kaperyogian naon si Kang Mas ayeuna nemonan Kula ? >>kenalkeun Kula Ki Sarwa ti Giriresik.â >> >> >>âHahahaha !â Si pamimpin seuri mani ngagakgak. Terus nyarita >>:âBagea Ki Sarwa, Kulo Widagdo , Kulo nempo sampeyan ngaliwat ka ieu >>jalan; tah Kulo datang ngahaja hayang kenalan.â >> >> >>Ki Sarwa :âNa waktu ieu, kuring saparakanca masih ngalaksanakeun >>parentah âGubernemenâ di Batavia; jadi teu tiasa kuring nampi >>sampeyan salayakna; tah ayeuna mah kieu; kira2 naon kabutuh sampeyan; mun >>nu kadada kaduga, Kuring ihlas bakal nedunan.â >> >> >>âHahahaha, wah sampeyan mani nekenkeun pisan kecap Gubernemen teh; >>nyingsieunan nya !?â Hahahaha, tong salempang, Kulo ge moal gana2 >>megatan bogana Kumpeni; ngan Kumpulan urang ayeuna keur kutud, keur susah >>ku duit cik kuring menta sumbangan ka sampeyan.â >> >> >>Gancang we Ki sarwa ngaluarkeun duit 50 Gulden; da memang eta teh biasa >>pikeun begal nu sok ngahaja megat di jalan; nu kakara amprok jeung >>rombongan Ki Sarwa; ti batan tarung, maning ge jalan dame; eta prinsipna >>Ki Sarwa. >> >> >>Barang nempo eta duit, Ki Widagdo nyureng; yeuh Kulo mah lain begal >>biasa; enyaan Kulo mah menta sumbangan; jeung teu heroy ku babawaan >>andika. Tapi Kulo menta sampeyan mere sumbangan 500 Gulden !â >> >> >>Ki Sarwa mani ngagebeg ngadenge jumlah nu dipenta ku KI Widagdo. Da tara >>aya nu menta duit sakitu gedena mah. Wah enyaan sigana mah, ieu mah kudu >>tarung. Gerentes Ki Sarwa. >> >> >>Keur kitu Jago2 Ki Sarwa daratang ngadeukeutan; maranehna ge nyiapkeun >>senjatana; komo barang nempo Ki Sarwa siga rek ngalawan mah, para >>Pangawal nyiapkeun diri. >> >> >>âHahahaha ! Rek ngalawan !? Naha teu sieun nyawa andika sakabeh paragat >>di ieu tempat !?â Widagdo ayeuna mah ngancam. Ari anak buahna kaciri >>beuki barengis beungeutna. >> >> >>Gancang Kapala Pangawal maju ka hareup; Ki Sarwa disina ka tukang. Kakara >>ge siap2, Ki Widagdo geus ngomando anak buahna supaya nyerbu. >> >> >>Atuh harita keneh anak buah Singa Barong geus ngayakeun serangan; tapi >>pangawal2 Ki Sarwa ge teu mundur najan jumlahna ngan ukur belasan; terus >>we ngayakeun perlawanan. Kakara ge sakeudeung geus kadenge bedog ting >>galonjrang; bari disaput ku sora ting jarerit nu taratu. Ari kusir2 mah >>ngan bati murungkut bari nyekelan kadali bisi kudana atawa kaldena >>kalabur. Mangkaning geus pating hihiem jeung oek2an. >> >> >>Lima anggota gorombolan nuju ka Ki Sarwa; ngan sakeudeung Ki Sarwa geus >>kacangkalak; terus diborogod; taya nu bisa nulungan; da kaciri para >>Pangawal ge pada kadesek. Malah Pangawal Pangjadugna geus rubuh kakadek >>ku Widagdo. >> >> >>Hanca > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
