Tah dikintun deui no. 314 na. Naha nya teu nampi ? --- On Tue, 1/1/13, Abbas Amien <[email protected]> wrote:
From: Abbas Amien <[email protected]> Subject: Cersil Sunda 314 To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Received: Tuesday, 1 January, 2013, 10:56 PM Nu mingpin eta gorombolan hiji jelema nu dedeg jeung Sembada; paromanna kaciri bengis; manehna gancang nancepkeun bandera leutik digambaran seuneu ngabebela. Nyata Gorombolan Singa Barong ! Ki Sarwa, enya ge lain Jago Silat, tapi manehna enyaan gede wawanen, terus we maju nyanghareupan pamimpin gorombolan nu ayeuna megatan; manehna ge kungsi ngadenge soal kumpulan Singa Barong, pok wae Ki Sarwa nyarita tatag pisan, memang pantes Ki Sarwa jadi pamimpin :”sampurasun Ki silah ? Aya kaperyogian naon si Kang Mas ayeuna nemonan Kula ? kenalkeun Kula Ki Sarwa ti Giriresik.” “Hahahaha !” Si pamimpin seuri mani ngagakgak. Terus nyarita :”Bagea Ki Sarwa, Kulo Widagdo , Kulo nempo sampeyan ngaliwat ka ieu jalan; tah Kulo datang ngahaja hayang kenalan.” Ki Sarwa :”Na waktu ieu, kuring saparakanca masih ngalaksanakeun parentah “Gubernemen” di Batavia; jadi teu tiasa kuring nampi sampeyan salayakna; tah ayeuna mah kieu; kira2 naon kabutuh sampeyan; mun nu kadada kaduga, Kuring ihlas bakal nedunan.” “Hahahaha, wah sampeyan mani nekenkeun pisan kecap Gubernemen teh; nyingsieunan nya !?” Hahahaha, tong salempang, Kulo ge moal gana2 megatan bogana Kumpeni; ngan Kumpulan urang ayeuna keur kutud, keur susah ku duit cik kuring menta sumbangan ka sampeyan.” Gancang we Ki sarwa ngaluarkeun duit 50 Gulden; da memang eta teh biasa pikeun begal nu sok ngahaja megat di jalan; nu kakara amprok jeung rombongan Ki Sarwa; ti batan tarung, maning ge jalan dame; eta prinsipna Ki Sarwa. Barang nempo eta duit, Ki Widagdo nyureng; yeuh Kulo mah lain begal biasa; enyaan Kulo mah menta sumbangan; jeung teu heroy ku babawaan andika. Tapi Kulo menta sampeyan mere sumbangan 500 Gulden !” Ki Sarwa mani ngagebeg ngadenge jumlah nu dipenta ku KI Widagdo. Da tara aya nu menta duit sakitu gedena mah. Wah enyaan sigana mah, ieu mah kudu tarung. Gerentes Ki Sarwa. Keur kitu Jago2 Ki Sarwa daratang ngadeukeutan; maranehna ge nyiapkeun senjatana; komo barang nempo Ki Sarwa siga rek ngalawan mah, para Pangawal nyiapkeun diri. “Hahahaha ! Rek ngalawan !? Naha teu sieun nyawa andika sakabeh paragat di ieu tempat !?” Widagdo ayeuna mah ngancam. Ari anak buahna kaciri beuki barengis beungeutna. Gancang Kapala Pangawal maju ka hareup; Ki Sarwa disina ka tukang. Kakara ge siap2, Ki Widagdo geus ngomando anak buahna supaya nyerbu. Atuh harita keneh anak buah Singa Barong geus ngayakeun serangan; tapi pangawal2 Ki Sarwa ge teu mundur najan jumlahna ngan ukur belasan; terus we ngayakeun perlawanan. Kakara ge sakeudeung geus kadenge bedog ting galonjrang; bari disaput ku sora ting jarerit nu taratu. Ari kusir2 mah ngan bati murungkut bari nyekelan kadali bisi kudana atawa kaldena kalabur. Mangkaning geus pating hihiem jeung oek2an. Lima anggota gorombolan nuju ka Ki Sarwa; ngan sakeudeung Ki Sarwa geus kacangkalak; terus diborogod; taya nu bisa nulungan; da kaciri para Pangawal ge pada kadesek. Malah Pangawal Pangjadugna geus rubuh kakadek ku Widagdo. Hanca
