Episode 77 : Nyi Ipah cilaka
Bener wae waktu Nyi Ipah maju ka hareup, kira2 200 meter katenjo aya jelema limaan ngahalangan jalan, bari nyaroren gobang; tapi Nyi Ipah sama sakali teu gimir, terus we maju ka hareup. Eta nu limaan ngahalangan ka na perjalanan Nyi Ipah, nu hiji nyentak :” Heh budak awewe ! turun maneh ti na ieu kuda ! sabab maneh geus wani2 nincak kawasan Gunung Bromo nu karamat!” Nyi Ipah lain turun malah nyentak :”Lamun maraneh anak buah Singa Barong … mangka waspada ! Kaula bakal males pati sabab sampeyan geus ngaganggu imah di Losari !” “Hahahaha ! euh maneh Pendekar awewe nu ti Losari teh !? Hahaha batur mah kakara ngadenge ge geus sarieuneun tapi Kaula ti Singa Barong moal mundur ku hiji awewe najan jago oge !” Bari ngomong kitu teh manehna ngomando bari sakalian nyerang ka Nyi Ipah. Memang Nyi Ipah sama sakali can pangalaman, tapi manehna teu sieun teu sing, terus we luncat ti na kudana; terus we ngayakeun perlawanan; nu limaan marawa bedog dilawanan ku tanpa senjata ku Nyi Ipah. Tapi sanajan kitu, Nyi Ipah teu kaciri ripuh, malah ngan sagilek2 kabeh serangan bedog dinetralisir; saterusna hiji2 dibere tonjokan nu lumayan; nya sanggeus aya ka na 10 jurusna eta nu limaan barirat ti dinya. Nyi Ipah rek neruskeun perjalananana, tapi teu kanyahoan dihareup kaciri aya belasan jelema ting belesat nuju ka Nyi Ipah; kaciri nu ieu mah leuwih karesit ti batan nu tadi. Tapi Nyi Ipah teu pisan galideur; terus we siap2 rek ngalawan. Keur kitu teu kanyahoan ti mana jolna, jeung ti iraha datangna ; aya nu luncat megatan eta nu belasan; kaciri eta jirim teh kesit pisan; tanda elmuna oge lumayan; tapi manehna make berego bodas siga nu sieun kapanggih saha aslina. Nyi Ipah oge rada heran ; tapi Nyi Ipah ge teu loba carita terus we milu ngalayanan eta nu belasan urang. Eta nu belasan teh teu marawa senjata, estu ngagunakeun elmu silatna we ; nu dilayanan kalawan teteg ku nu duaan. Tapi masing enya ge dikoroyok; eta nu duaan nya eta Nyi Ipah jeung si kedok bodas; malah leuwih unggul ti batan nu ngarepung; geus sababaraha urang nu keuna kabeunangan, nepi ka ting araduh. Hanca
