Ubar ngalamun ki mc roman ST RAYATI ...héhé...     
------------------------------ Pada Sab, 12 Jan 2013 07:39 ICT Ki Hasan 
menulis:  >Siti Rayati (56-59) >Moh. Sanoesi > > >Isukna Gan Titi kadua babuna 
Patimah mulih ka Batawi lantaran pagétona kudu >maju deui ka kantor. Dina 
karéta api euweuh deui anu dimanah ku anjeunna, >kumaha akalna palay patepang 
jeung ibu rama, palay uninga aya kénéh atawa >henteuna. > >"Eh, nepi ka teu 
nyaho di indung jeung bapa ..." Saur anjeunna dina >manahna. "Aing teu timu ... 
éra temen lamun nu séjén nyahoeun, yén aing teu >puguh indungna, teu puguh 
bapana ... Paingan manéhna sakitu ngahinana ka >aing ..." Anjeunna émut ka ibu 
kawalonna keur waktu ngagelendeng. Pantes >ari kieu mah kaayaan diri aing ... 
..." Segruk anjeunna nangis, cisoca >nyuruluk ka salempayna. > >Si babu anu 
diuk di gédéngeun anjeunna, ogé ngalimba milu sedih, milu >ngenes, nénjo 
dunungan nyegruk baé nangis. > >Isukna poé Rebo, anjeunna
 angkat deui ka kantor, sarta babuna Patimah >digawé saperti biasa popolah 
jeung bébérés di bumi. > >Poé Ahad isuk-isuk babu geus disauran ku Gan Titi 
kudu nyadiakeun tempat >saré keur lurah pareman Cirayati jeung pamajikanana. 
Soréna Gan Titi angkat >jeung si Nani ka statsion Gambir mapagkeun sémah. Pukul 
genep leuwih >saeutik karéta api datang sarta ti kajauhan kénéh Natamanggala 
jeung >pamajikanana nolol tina jandéla ngagupayan ka Gan Titi. > >Sémah, Gan 
Titi jeung si Nani terus kana ebro, bari sajajalan teu >eureun-eureun ngobrol, 
babakuna sémah anu kakara ti gunung datang ka dayeuh >anu sakitu gedéna. > 
>Kira-kira sanggeus saparapat jam, ebro datang ka hareupeun bumi Gan Titi, 
>sarta Patimah geus ngajanteng baé di lawang ngadagoan tatamu. > >Natamanggala 
jeung pamajikanana bengong baé hookeun nénjo Gan Titi geus >iasa bumén-bumén ku 
anjeun, tur anu sakitu resikna. Tapi ku lantaran Gan >Titi sakitu daréhdéhna 
soméahna ka
 sémah, komo ieu mah dianggap ku anjeunna >aperti gaganti sepuhna, sémah 
duanana ogé henteu ngarumas, henteu asa-asa, >tapi rarasaanana asa diimahna 
soranngan baé. > >"Gan," cék pamajikan Natamanggala, bari nunjuk ka babu, "ieu 
mah babu anu >basa dicandak kamari ieu téa, sanés?" > >"Enya ema, naha poho 
deui?" > >"Atuh da éta maké baju panjang, panyana ema téh empo." > >"Geus biasa 
di dieu mah ma." > >"Saha téa ngaranna Gan?" > >"Patimah, tapi kuring mah 
salawasna nyebut babu baé. Atuh da ti baréto keur >waktu kuring di tuan van der 
Goud, manéhna geus ngawulaan ka kuring." > >Unggal soré di mana Gan Titi geus 
mulih ti kantor, sémah dianteur dicandak >ka toko anu galedé, malah 
sakapeung-kapeungeun sok dicandak ogé ningali >bioskop atawa kamédi kuda. > 
>"Ma, ké poé Ahad," saur anjeunna, "ku kuring dibawa ka gedong gajah nénjoan 
>barang-barang nu aranéh." > >Barang geus meunang lima welas peuting sémah 
nganjangna, sarta méh sakota
 >Batawi anu aranéh mah geus ka papay, kakara Gan Titi kagungan manah deui >rék 
 >uas-aos ngabangbrangkeun manahna. > >Pukul satengah salapan soré, anjeunna 
 >calik di tengah bumi dina korsi >panjang, ngaos surat kabar, sarta 
 >digédéngeunana babu diuk dina samak >ngabedahan baju; sémah duaan dariuk di 
 >juru ngaropi, nginum bandrék jeung >ngadaharan kacang tanah. > >"Aya naon Gan 
 >nu anéh," cék Patimah, anu maksudna hayang ngabeberah >dununganana. "Ari nu 
 >kagéléng trém sok dilebetkeun kana surat kabar, Gan?" > >"Naha iraha aya nu 
 >kagéléng, bu?" > >"Kamari Gan, awéwé nepi ka terus maot." > >"Euweuh di dieu 
 >mah ... tapi aya ogé nu dipaéhan ..." > >"Saha Gan nu dipaéhan?" > >"Tuan 
 >kontrak di Déli." > >"Ku naon Gan?" > >"Ah, bonganna sorangan baé, maksa 
 >awéwé, anakna mandor besar umur 13 taun >... terus anakna bébéja ka bapana 
 >... tuluy baé dikoroyok ku kuli-kulina. >Sirahna remuk samasakali, awakna 
 >béak dicacag. Malah asalna mah ti dieu
 ..." > >"Ti dieu ti mana Gan?" > >"Ti ... kontrakan Ragasirna bawahan Sukabumi 
... malah ti dinya ogé diusir >ku kawasana, da éta sok teuteunggeul, jeung sok 
maksa ..." > >Gebeg haténa Patimah, barang ku manéhna kadéngé ngaran kontrakan 
Ragasirna, >inget kana lalampahan manéhna nu ka tukang-tukang, sarta mikir dina 
haténa: >"Naha éta tuan téh nu ngahina aing téa ...?" Bari guntingna nu dicekel 
>diteundeun. > >"Naha eureun ngabedahan téh?" Saur Gan Titi, bari surat kabar 
dilésotkeun >tina pananganana, diselang ku ngarut. "Geus anggeus?" > >"Éta 
disebatkeun ngaranna tuan nu dipaéhan téh, Gan?" > >"Lah, naon maké hayang 
nyaho ngaranna sagala, naha boga baraya walanda?" > >"Ih, sanés, sugan baé abdi 
wawuh, da abdi parantos jadi koki kapengker di >tuan kontrak." > >Gan Titi 
kapaksa nyandak deui surat kabar, ningalian ngaranna tua nu >dipaéhan. > 
>"Steenhart, bu ... !" Saur anjeunna. > >"Aduh!" Babu bluk nyuuh, kana bajuna 
nu keur
 dibedahan, puas pabaur jeung >reuwas, inget kana titis tulis bagja diri, kulak 
canggeum bagja awak >manéhna. Péndék harita, lalakon jeung lalampahan hirup 
manéhna ti keur di >kontrakan Ragasirna nepi ka ingkahna ti dinya, nepi ka 
ngajuru nepi ka >ayeuna, ku manéhna kabéh kacipta ku ati, kagambar ku pikiran, 
bari nyegruk >... > >Sémah bingung hookeun pada henteu ngarti, Gan Titi nya 
kitu deui, bari >lungsur tina korsina mariksa: "Bu, ku naon ... teu nyarita ... 
ku naon ... >," bari sirahna diusapan. > >Meunang saparapat jam mah babu teu 
ngawalon, cicing baé, susah kumaha nya >pijwabeun, binngung kumaha nya unjukan 
ka dununganana. Tapi lila-lila >lantaran ku Gan Titi dihantem dipariksa, 
dipiwarang nyarita wakca balaka, >balaka manéhna nyaritakeun lalakonna anu 
saterus-terangna kalawan teu >disumput salindungkeun, ti mimiti kuli di 
kontrakan Ragasirna, terus dihina >ku tuan Steenhart, tuluy reuneuh, sarta 
kapaksa indit ti éta kontrakan, >nepi ka
 brol ngajuru di kebon ganas, budak ditinggalkeun, teu lila manéhna >balik deui 
lantaran anakna digégél anjing, terus dituruban ranggap sarta >tuluy 
ditinggalkeun deui, péndék kabéh ku manéhna, taunna, bulanna, >lebah-lebahna 
keur waktu ngajuru euweuh nu kaliwat dicaritakeun ... > >Si babau ngomong 
kénéh, gabrug ku Gan Titi jeung sémah téa dirontok, inget, >cocog jeung 
katerangan pamajikan Lurah Cirayati, pagulung-gulung jeung >sémah, anu ayeuna 
ngarti, yakin yén babu, Patimah téa, ibuna tulén Gan Siti >Rayati, anu ramana 
tuan Steenhart, anu ayeuna geus euweuh dikieuna ... > >"Hapunten ibu ... 
hapunten ... tobat ampun ... nya abdi putra ibu téh ... >... abdi ... abdi ..." 
Saur Gan Titi ka ibuna, kadéngé sora ngalengis, suka >pabaur jeung duka, asih 
pacampur jeung sedih.!!!!!!!!!!!! >********************* > >Supaya sakabéh 
terang, Gan Titi terusna nikah, jeung jurnalis tukang >ngarang, salamet aya 
berekah. > >Ma lurah ti Cirayati, kitu
 deui salakina, dipikolot ku Gan Titi, diurus >taya kendatna. > >Tina damelna 
kaluar, terus angkat ka Semarang, ngadamel di surat kabar, >jadi pembantu 
pangarang. > >Gan Titi jeung salakina, éstu euweuh kuciwana, duanana nyepeng 
péna, nyerat >ngabéla rayatna. > >Ibuna, Patimah téa, ku anjeunna disirnakeun, 
disenangkeun, si Nani raina >téa, dicandak disakolakeun. > >T A M A T >***** 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    kisunda-dig...@yahoogroups.com 
    kisunda-fullfeatu...@yahoogroups.com

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    kisunda-unsubscr...@yahoogroups.com

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke