Tadina maca roman Siti Rayati teh saliwat-saliwat wae, heunteu imeut. Tapi barang maca bagian ahir roman, asa nyambung jeung bagian awal, sok sanajan sakolebatan. Hanjakalna teh teu aya nu ngomentaran "sacara serius" ti para pembacana. Padahal upama di teuleuman caritana, aya bagian-bagian anu pastina aya kajadian nyata dina caria eta.
Misalna, kahirupan kuli kontrak jaman Walanda. Pastina aya pakaitna jeung kajadian sabenerna anu kaalaman ku pagawe kontrak. Boa-boa memang aya kajadian tuan walanda anu paeh ditelasan ku para pagawe kontrak. Talungtik wae dina warta koran anu terbit jaman walanda. Bandingkeun jeung carnyam anu jagoanana Jalma. Dimana tuan walanda anu boga perkebunan teh di Garut/puncak nganggap jongos/babu beda pisan jeung carita dina roman Siti Rayati. Boa-boa beda jamanna. Anu narik dina roman Siti Rayati teh, ending caritana, Gan titi jeung salakina aktif di salah sahiji surat kabar di Semarang, jadi pangarang/wartawan. Hiji pakasaban anu jarang disorang ku urang Indonesia. Tapi sigana ku ayana semangat nasionalisme, pakasaban wartawan/pangarang jadi ciri has para aktivis pergerakan kebangsaan, anu engkena ngalahirkan sumanget ngusir penjajah. Kuring jadi inget pangalaman Mang Jamal dina ngarang novel-novelna. Supaya leuwih hirup jeung aya pakaitna jeung dunya anu harita rame jadi bahan pembicaraan orang, jalan carita jeung tokoh-tokohna nyutat pangalaman tokoh anu aya dikieuna di dunya nyata. Saperti aya hiji tokoh ahli nuklir dina salah sahiji novel mang Jamal. Sajatina eta tokoh teh nyutat pangalaman salah sahiji warga KUSnet ahli nuklir anu tugasna ngawaskeun nagara-nagara anu ngembangkeun teknologi nuklir, anu kantorna aya di Viena Austria. Jadi hiji karangan/novel/carnyam wahana tempat pikeun ngaekspresikeun pikiran-pikiran urang tanpa wates. Bandingkeun jeung film karya Hanung Bramantyo "cinta beda" anu rame jeung diprotes ku urang Minang. Sok sanajan film oge hiji alat pikeun ngaekspresikeun gagasan/pikiran sutradarana, dimana aya kabebasan tanpa wates. Tapi upama aya anu teu saluyu jeung dunya nyata (hiji tokoh dina film eta urang minang ngagem agama katolik, sok daging dahar babi), nya pasti diprotes. mrachmatrawyani ________________________________ From: Ki Hasan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Friday, January 11, 2013 10:00 PM Subject: Re: [kisunda] Roman - Siti Rayati (12) ..." > >"Ti dieu ti mana Gan?" > >"Ti ... kontrakan Ragasirna bawahan Sukabumi ... malah ti dinya ogé diusir >ku kawasana, da éta sok teuteunggeul, jeung sok maksa ..." > >Gebeg haténa Patimah, barang ku manéhna kadéngé ngaran kontrakan Ragasirna, >inget kana lalampahan manéhna nu ka tukang-tukang, sarta mikir dina haténa: >"Naha éta tuan téh nu ngahina aing téa ...?" Bari guntingna nu dicekel >diteundeun. > >"Naha eureun ngabedahan téh?" Saur Gan Titi, bari surat kabar dilésotkeun >tina pananganana, diselang ku ngarut. "Geus anggeus?" > >"Éta disebatkeun ngaranna tuan nu dipaéhan téh, Gan?" > >"Lah, naon maké hayang nyaho ngaranna sagala, naha boga baraya walanda?" > >"Ih, sanés, sugan baé abdi wawuh, da abdi parantos jadi koki kapengker di >tuan kontrak." > >Gan Titi kapaksa nyandak deui surat kabar, ningalian ngaranna tua nu >dipaéhan. > >"Steenhart, bu ... !" Saur anjeunna. > >"Aduh!" Babu bluk nyuuh, kana bajuna nu keur >dibedahan, puas pabaur jeung >reuwas, inget kana titis tulis bagja diri, kulak >canggeum bagja awak >manéhna. Péndék harita, lalakon jeung lalampahan hirup >manéhna ti keur di >kontrakan Ragasirna nepi ka ingkahna ti dinya, nepi ka >ngajuru nepi ka >ayeuna, ku manéhna kabéh kacipta ku ati, kagambar ku pikiran, >bari nyegruk >... > >Sémah bingung hookeun pada henteu ngarti, Gan Titi nya >kitu deui, bari >lungsur tina korsina mariksa: "Bu, ku naon ... teu nyarita >... ku naon ... >," bari sirahna diusapan. > >Meunang saparapat jam mah babu >teu ngawalon, cicing baé, susah kumaha nya >pijwabeun, binngung kumaha nya >unjukan ka dununganana. Tapi lila-lila >lantaran ku Gan Titi dihantem >dipariksa, dipiwarang nyarita wakca balaka, >balaka manéhna nyaritakeun >lalakonna anu saterus-terangna kalawan teu >disumput salindungkeun, ti mimiti >kuli di kontrakan Ragasirna, terus dihina >ku tuan Steenhart, tuluy reuneuh, >sarta kapaksa indit ti éta kontrakan, >nepi ka >brol ngajuru di kebon ganas, budak ditinggalkeun, teu lila manéhna >balik deui >lantaran anakna digégél anjing, terus dituruban ranggap sarta >tuluy >ditinggalkeun deui, péndék kabéh ku manéhna, taunna, bulanna, >lebah-lebahna >keur waktu ngajuru euweuh nu kaliwat dicaritakeun ... > >Si babau ngomong >kénéh, gabrug ku Gan Titi jeung sémah téa dirontok, inget, >cocog jeung >katerangan pamajikan Lurah Cirayati, pagulung-gulung jeung >sémah, anu ayeuna >ngarti, yakin yén babu, Patimah téa, ibuna tulén Gan Siti >Rayati, anu ramana >tuan Steenhart, anu ayeuna geus euweuh dikieuna ... > >"Hapunten ibu ... >hapunten ... tobat ampun ... nya abdi putra ibu téh ... >... abdi ... abdi >..." Saur Gan Titi ka ibuna, kadéngé sora ngalengis, suka >pabaur jeung duka, >asih pacampur jeung sedih.!!!!!!!!!!!! >********************* > >Supaya >sakabéh terang, Gan Titi terusna nikah, jeung jurnalis tukang >ngarang, >salamet aya berekah. > >Ma lurah ti Cirayati, kitu >deui salakina, dipikolot ku Gan Titi, diurus >taya kendatna. > >Tina damelna >kaluar, terus angkat ka Semarang, ngadamel di surat kabar, >jadi pembantu >pangarang. > >Gan Titi jeung salakina, éstu euweuh kuciwana, duanana nyepeng >péna, nyerat >ngabéla rayatna. > >Ibuna, Patimah téa, ku anjeunna disirnakeun, >disenangkeun, si Nani raina >téa, dicandak disakolakeun. > >T A M A T >***** >
