[image: Sakedap deui tiasa diaos buku dina basa Sunda ngeunaan géologi (gunung, lini, jsb), karangan Prof. Dr Ir. H. Adjat Sudradjat, MSc., guru besar Unpad. Judulna: "Wanoh ka Lakuning Jagat". Salah sahiji bab dina ieu buku ngaguar ngeunaan usaha naratas Basa Sunda dina Élmu Géologi jeung Vulkanologi. Numutkeun pangarangna, dina éta guaran, basa Sunda tétéla leuwih beunghar dina istilah anu patula-patali jeung gunung tinimbang basa séjénna (Walanda, Inggris, Melayu, Bhs Indonesia, jsb). Prof Adjat dina ieu buku ogé nyindekkeun yén leuwih ti 70% paistilahan basa Inggris bisa ditarjamahkeun kana Basa Sunda (minimal pikeun élmu géologi jeung vulkanologi). Medalna ieu buku, siga anu ngalawan rarangkay Kurikulum Pendidikan 2013 anu ayeuna keur loba diprotes ku masyarakat.]<https://www.facebook.com/photo.php?fbid=10151328075948291&set=o.225182880893351&type=1&relevant_count=1&ref=nf> BUKU - Wanoh ka Lakuning Jagat
Sakedap deui tiasa diaos buku dina basa Sunda ngeunaan géologi (gunung, lini, jsb), karangan Prof. Dr Ir. H. Adjat Sudradjat, MSc., guru besar Unpad. Judulna: "Wanoh ka Lakuning Jagat". Salah sahiji bab dina ieu buku ngaguar ngeunaan usaha naratas Basa Sunda dina Élmu Géologi jeung Vulkanologi. Numutkeun pangarangna, dina éta guaran, basa Sunda tétéla leuwih beunghar dina istilah anu patula-patali jeung gunung tinimbang basa séjénna (Walanda, Inggris, Melayu, Bhs Indonesia, jsb). Prof Adjat dina ieu buku ogé nyindekkeun yén leuwih ti 70% paistilahan basa Inggris bisa ditarjamahkeun kana Basa Sunda (minimal pikeun élmu géologi jeung vulkanologi). Medalna ieu buku, siga anu ngalawan rarangkay Kurikulum Pendidikan 2013 anu ayeuna keur loba diprotes ku masyarakat. (Oman Abdurahman)
