Hahahah kang Yani palay kumplit JUDULNA. Engke panjang teuing mun kumplit teuing mah. Kapan nu ieu mah Anak nu hayang panggih deui. Mun judulna dirobaah jadi NGUMPUL deui. Kirang tepat deuih; daa kapan Jalma ge misah wae. Nepi ka ayeuna can kumpul. Dina soal ngajudulan mah; BEBAS. mung ulah mengpar teuing we ti eusi.
--- On Wed, 16/1/13, MRachmat Rawyani <[email protected]> wrote: From: MRachmat Rawyani <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Cersil Sunda 332 To: "[email protected]" <[email protected]> Received: Wednesday, 16 January, 2013, 1:37 AM Naha teu dijudulan "anak, Pamajikan jeung Bapa". Boa-boa pamajikan ki Nurustunjung perlaya di pulo karang? mrachmatrawyani From: Abbas Amien <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Tuesday, January 15, 2013 4:03 AM Subject: [kisunda] Cersil Sunda 332 Episode 78 : Anak jeung bapa Ayeuna urang caturkeun Nyi Padmini nu dituturkeun ku Lasmini; niat neangan bapa tea; maranehna ngajugjug tempat nu digambarkeun ku Jalma; teu wudu jauh oge; sanggeus sabulan maranehna kakara tepi ka eta tempat nya eta Karang Lungkawing tea. Enya we tempat nu hese diteanganana, cacak mun teu dibere gambar ku Jalma mah, sigana moal kapanggih; da ti darat mah teu kaciri eta teh tempat misah; siga nu ngahiji jeung darat we mun nempo ti kajauhan mah; siga pasisir Jawa Kidul nu sejenna. Lasmini hatena dag dig dug; lantaran hayang gura giru panggih jeung bapa; bari boa teuing bapana mah apal ka manehna ? Jeung kumaha sikep manehna nyanghareupan bapana engke ? Rupa2 pikiran Lasmini waktu harita pagaliwota. Sanggeus mariksa leuwih taliti deui, Nyi Padmini jeung Lasmini indit ti dinya terus we asup ka kampung nu paling deukeut; maranehna nanya sugan aya nu sanggupeun narik parahu ka eta karang lungkawing. Tapi sakabeh urang kampung ngan ukur gogodeg we teu saranggupeun. Ahirna Nyi Padmini nitah urang dinya supaya mangnyieunkeun rakit nu kacida wewegna. Kabeneran ari na soal nyieun rakit mah aya nu sanggupeun. Nyieun rakit nu weweg, tangtu we lain perkara gampang; aya ka na dua bulanna, kakara rengse. Untung boh Padmini boh Lasmini loba duitna; jadi teu masalah dina ngawaragadanana. Eta rakit digalusur ku sapuluh jelema dibawa ka sisi basisir Kidul ; bari hese neangan tempat nu bisa dipake balayar. Urang lembur saenyana mah hareraneun, naon sababna ieu indung jeung anak hese beleke ngusahakeun rek balayar di eta basisir laut Kidul nu kacida teu layakna dipake rarakitan. Tapi maranehna teu loba tatanya, da nu penting mah eta dua awewe teh mayarna alus pisan. Peutingna kabeneran caang bulan opat welas; atuh jelas tetempoan di laut teh; ngan eta ombakna kacida matak soakna; kaciri ombakna ting jelegur aya ka na lima meteranana; tapi duanana oge Pendekar JADUG, nu teu aya kasieun; komo ngan ukur ku ombak mah; maranehna ge teu sieun upamana wae tigejebur, sabab maranehna geus biasa oge ulin di cai; jadi ngarojay teu jadi halangan. Maranehna duanana masang kuda2 nu kacida kuatna; bari ngerahkeun tanaga jerona; ngalawan ombak nu nyembur terus2an tiap rakit maju saeutik saeutik; atuh kacida haresena jeung lendona eta rakit majuna. Akhirna mah tepi oge Nyi Padmini jeung Lasmini ka deukeut sisi karang lungkawing; memang eta tempat moal aya nu daek ngajorag; ari lain aya tujuan nu pasti mah; lantaran kacida lungkawingna; nu matak lamun hayang ngadatangan eta karang lungkawing maning laut keur pasang; supaya teu jauh teuing; enya sigana susah naek ka eta karang teh, tapi duanana yakin bisa lantaran memang elmu ngentengkeun badan eta nu dua jago memang istimewa pisan. Padmini jeung Lasmini geus nepi ka eta tempat karang lungkawing; Nyi Padmini ngahaja datangna make kedok jadi nembongkeun diri sabage Nini Anti. Hanca
