Episode 78 : Anak jeung bapa

 

Ayeuna urang caturkeun Nyi Padmini nu dituturkeun ku Lasmini;
niat neangan bapa tea; maranehna ngajugjug 
tempat nu digambarkeun ku Jalma; teu wudu jauh oge; sanggeus sabulan
maranehna kakara tepi ka eta tempat nya eta Karang Lungkawing tea.


Enya we tempat nu hese diteanganana, cacak mun teu dibere
gambar ku Jalma mah, sigana moal kapanggih; da ti darat mah teu kaciri eta teh
tempat misah; siga nu ngahiji jeung darat we mun nempo ti kajauhan mah; siga
pasisir Jawa Kidul nu sejenna.


Lasmini hatena dag dig dug; lantaran hayang gura giru panggih
jeung bapa; bari boa teuing bapana mah apal ka manehna ? Jeung kumaha sikep
manehna nyanghareupan bapana engke ? Rupa2 pikiran Lasmini waktu harita
pagaliwota.


Sanggeus mariksa leuwih taliti deui, Nyi Padmini jeung
Lasmini indit ti dinya terus we asup ka kampung nu paling deukeut; maranehna
nanya sugan aya nu sanggupeun narik parahu ka eta karang lungkawing. Tapi
sakabeh urang kampung ngan ukur gogodeg we teu saranggupeun.

Ahirna Nyi Padmini nitah urang dinya supaya mangnyieunkeun
rakit nu kacida wewegna. Kabeneran ari na soal nyieun rakit mah aya nu
sanggupeun.


Nyieun rakit nu weweg, tangtu we lain perkara gampang; aya ka
na dua bulanna, kakara rengse. Untung boh Padmini boh Lasmini loba duitna; jadi
teu masalah dina ngawaragadanana.


Eta rakit digalusur ku sapuluh jelema dibawa ka sisi basisir
Kidul ; bari hese neangan tempat nu bisa dipake balayar. 
Urang lembur saenyana
mah hareraneun, naon sababna ieu indung jeung anak hese beleke ngusahakeun rek
balayar di eta basisir laut Kidul nu kacida teu layakna dipake rarakitan. 

Tapi
maranehna teu loba tatanya, da nu penting mah eta dua awewe teh mayarna alus
pisan.   


Peutingna kabeneran caang bulan opat welas; atuh jelas
tetempoan di laut teh; ngan eta ombakna kacida matak soakna; kaciri ombakna
ting jelegur aya ka na lima meteranana; tapi duanana oge Pendekar JADUG, nu teu
aya kasieun; komo ngan ukur ku ombak mah; maranehna ge teu sieun upamana wae
tigejebur, sabab maranehna geus biasa oge ulin di cai; jadi ngarojay teu jadi
halangan. 

Maranehna duanana masang kuda2 nu kacida kuatna; bari ngerahkeun
tanaga jerona; ngalawan ombak nu nyembur terus2an tiap rakit maju saeutik
saeutik; atuh kacida haresena jeung lendona eta rakit majuna. 


Akhirna mah tepi oge Nyi Padmini jeung Lasmini ka deukeut
sisi karang lungkawing; memang eta tempat moal aya nu daek ngajorag; ari lain
aya tujuan nu pasti mah; lantaran kacida lungkawingna; nu matak lamun hayang
ngadatangan eta karang lungkawing maning laut keur pasang; supaya teu jauh
teuing; enya sigana susah naek ka eta karang teh, tapi duanana yakin bisa
lantaran memang elmu ngentengkeun badan eta nu dua jago memang istimewa pisan.

Padmini jeung Lasmini geus nepi ka eta tempat karang
lungkawing; Nyi Padmini ngahaja datangna make kedok jadi nembongkeun diri
sabage Nini Anti.
Hanca


Kirim email ke