Sanggeus aya saparapat jamna Nyi Emeh ngarasa sagala hararampang; cek paribasana ayeuna imahna RUNTUH ge manehna PASRAH balilahan; moal rek ngarasula. Komo ayeuna mah ngan ukur narima SURAT. Ah pastina Gusti nu bakal masihan jalan; naha make kudu ringrang !? Geus kitu mah Nyi Emeh teu nyaho kumaha ngarasa tunduh anu luar biasa; reup we mondok ngarengkol di na pangsujudan; nepi ka shubuh.
Poe eta Nyi Emeh sanggeus shalat shubuh, terus we jigrah kaluar sasapu; terus mirun seuneu; dilakukeun bari gumbira. Terus we nyieun ci teh keur manehna sorangan. Ku sabab aya cau kepok hasil minggu kamari, kiriman ti Ki sueb, nya harita keneh dijieun PISANG ku Nyi Emeh. Keur kitu teh :”Assalamu’alaikum !” Waalaikum Salaam, “ tembal Nyi Emeh; masih sempet ngajawab salam; tapi ku kaget2na serokan mecleng; untung minyak panasna teu ngeunaan ka manehna. Nyi Emeh kaget, lantaran isuk2 geus kadatangan semah; nu teu pernah pisan salila ieu kaalaman kajadian saperti kitu; atuh kaduana sora eta nu uluk salam asa apal; siga jelema nu paling diharep ku manehna; jadi Nyi Emeh gugurubug kaluar muka panto; barang bray manehna nempo hiji jelema nu kulitna hideung. Nyi Emeh kaget; lantaran naha ieu jelema isuk2 keneh geus ka dinya ? tapi manehna inget yen ieu jelema hideung teh salah sahiji nu ngiringkeun ki Sarlita waktu ngalamar Nyi Epon; aya naon isuk2 pisan geus ka imahna. Tapi terus we Nyi Emeh nanya:”Aya naon sampeyan rebun2 keneh geus datang ka imah ibu ?” “Punten Ibu, kuring geus ngareuwaskeun ka ibu; cik kuring bere cai na baskom.” Nyi Emeh bati olohok, lantaran sidik sora teh sora nu ku manehna dipikirkeun beurang peuting; tapi naha ari wujud jauh pisan ? Tapi enya ari rimbagna mah aya sasaruanana. Nya teu loba omong Nyi Emeh terus we nyokot baskom nu dieusian cai saperti nu dipenta ku eta jelema Hideung. Tuluy we eta jelema hideung teh ngodok pesakna, ngaluarkeun hiji bungkusan leutik; barang dibuka aya sarupaning puyer nu harita keneh diawurkeun ka na cai na baskom; terus ku eta jelema hideung dikucek kucek; saterusna eta jelema hideung ngagosok beungeut jeung leungeunna ku eta cai nu geus dicampuran ku puyer; lila2 beungeut hideung jeung kulit hideung eta jelema robah saeutik saeutik; lila2 les kulit hideungna. “Jalma !” Cek Nyi Emeh, bari gabrug manehna ngarangkul Jalma nu ayeuna nangtung hareupeunana; nu taduina sidik jelema hideung nu manehna teu wawuh sama sakali. Terus we Nyi Emeh ceurik. Jalma gancang nyarita, tomada menta dihampura ka indungna; lantaran manehna geus nyamur jadi Jelema Hideung; terus Jalma nerangkeun naon sababna manehnya nyamur, lain rek ngareureuwas nu jadi indung; tapi aya sabab2 sejenna. Nyi Emeh gancang motong :”Yeuh Jalma, najan maneh ngareureuwas ibu sapuluh kali lipet ti ieu ge; ibu moal teu ngahampura; atoh malah mah nu aya; ngan wae tong dicaritakeun ayeuna naon alesan ujang ngalakukeun kitu; ayeuna mah hayu asup we ka imah; jung beberesih heula; sok dahar terus istirahat. Ke we ba_da Isya ujang nerangkeun lalakon ujang ka ibu.” Leos we Jalma ka pancuran beberesih,terus dahar da geus disayagikeun ku Nyi Emeh. Sanggeusna istirahat, bada Isya Jalma medar lalakon. Episode 81 : Jalma Turun gunung ti Muria Hanca
