Episode 80 : Surat Panggilan ti Landrat
Di na hiji poe Nyi Emeh kaget sabab kadatangan ku hiji Upas nu nganteurkeun hiji surat; nu kaciri RESMI ti Gupernement di Batavia; kaciri amplopna ge aya cap Netherlands Indie ( Hindia Belanda ); leuwih jauh ditaliti amplopna aya cap LandRechten; nu hartinaa Kantor Pangadilan. Atuh nyi Emeh kacida reuwasna aya naon yeuh ? Alamatna nu dituju jelas ditulis Jalma van Leuwiseeng. Aduh aya naon yeuh ? Jalma bet dipanggil ku kantor landrat ? Aya kasalahan naon anak aing ? Manehna hayang muka eta amplop nempo eusina; tapi manehna nyaho yen eta teh kurang bener; sabab eta surat ditujukeun pikeun Jalma; lain pikeun manehna. Enya ge Jalma teh anak manehna; tapi teu bisa indung ngalanggar hak anak di na soal saperti kitu mah. Anak jeung kolot kudu dibedakeun di na masalah hukum jeung kabebasan pribadi; teu meunang dicampur aduk. Ieu sifat jelema nu nyekel Liberal Demokrat. Hak Pribadi manusa dihargaan. Tah ku sabab Nyi Emeh geus biasa campur jeung Para Kumpeni ( ku sabab geus jadi kabiasaan jaman harita ngomong ka Belanda teh Kumpeni. Tapi aya ge nu nyaho ka beh dieunakeun nyebut WALANDA. ) Tah ku sabab gaul tea Nyi Emeh apal ka na hak PRIBADI; nu matak manehna teu gana2 muka eta amplop. Tapi Nyi Emeh kacida bingungna lantaran ngaranna ge panggilan ti Landrech kantor Landrat; teu bisa diingkeun kitu wae ! Sedengkeun Jalma ayeuna duka di mana ayana !? Enyaan Nyi Emeh bingung nu teu manggih tungtung tea. Sanggeus 2 poe ngagugulung eta surat panggilan, bari teu manggih jalan nu alus pikeun solusina; nu ngajadikeun Nyi Emeh teu ngeunah sare, teu ngeunah dahar; akhirna peuting katilu manehna sanggeus nyileuk, terus ka dapur, nyokot cai ti na gentong; terus wudhu; Nyi Emeh geus gilig na hatena rek rekes ka Nu Maha Suci; nu Kagungan kakawasaan ka sadaya nu kumelip; lantaran cek Jalma ari nyungkeun tulung teh, pang afdolna nya ka Gusti Allah. Nya ayeuna waktuna Nyi Emeh rek rekes ka Nu Kagungan Sagala; da geus taak mikir kudu kumaha; ka saha nya menta tulung; euweuh nu bakal bisa nulungan di na nyanghareupan masalah nu disanghareupan ku manehna ayeuna. Nya peuting ieu manehna shalat tengah peuting. Nyi Emeh teu apaleun shalat naon manehna ayeuna; nu penting mah eta teh shalat PEUTING. Shalatullail tea. Manehna shalat na waktu harita dicoba dihusyu husyukeun; bari nyadar diri; di ihlas ihlaskeun. Kakara ayeuna manehna shalat nu dijiwaan saperti kitu. Karasa ku manehna nikmatna shalat saperti kitu teh. Akhirna Nyi Emeh lain ngingetkeun masalah nu keur disanghareupan, tapi malah mikirkeun SHALATNA. Terus sajeroning shalat manehna sadar yen eta shalat teh keur meleng ka Gusti Allah. Duka ditampi duka henteu ku mantenNa. Atuh di na shalatna, ieu Nyi Emeh ngaharep mugia ditampi; mugia sagala dosana nu kaliwat dilubarkeun; ku margi kapan kapungkur mah shalat teh Dapon; bari jeung keur nyenangkeun anakna JALMA wungkul. Ayeuna kakara enya2. Sanggeus aya 4 rakaatna shalat saperti kitu; deker wae Nyi Emeh wirid; pangpangna istighfar; lantaran rumasa salila ieu manehna shalat teh dapon; bari teu ngarti2 acan. Tapi naha ayeuna manehna NGARTI ? Saha nu ngajar ? Kapan ayeuna mah teu aya Jalma anakna ? Ayeuna uing ngarti ? Naha nya ? Saha nu ngajar aing jadi ngarti saperti kieu !? Di na kasadaran eta segruk wae Nyi Emeh ceurik; mani murubut cipanonnaa; lantaran SADAR; yen nu NGAJAR manehna waktu ieu lain sasaha tapi Gusti Allaah ku Anjeun; nu tos maparin futuh Hidayah ka hate manehna. Ku kasadaran ieu manehna langsung SUJUD; nyukuran ka nu geus kaalamaan ku manehna. Hanca
