Episode 82 – Jalma ka Batavia deui
Sajeroning ngadengekeun dongeng Jalma Nyi Emeh salian ti cak cek; oge istighfar sababaraha kali; lantaran milu kabawa ka na eta carita nu sakitu hebatna. Cacakan mun lain Jalma, anakna nu nyarita; Nyi Emeh moal percaya; pasti nyangka yen eta teh dongeng nu teu aya buktina. Di na nyaritakeun masalah Anggraeni, Nyi emeh nanya :” Ke heula anan Jalma, hidep nampa ka eta Anggraeni; ari Nyi Ipah kumaha !?” Jalma :” Enya eta nu rada ngabingungkeun teh, nu matak tadina mah rek gancang nepungan Ajengan Salim jeung Nyi Ipah; tapi kuring nguruskeun heula Ki Sarwa jeung Nyi Epon kapalang. Tah ayeuna mah meureun bisa nyelang heula ka Wanayasa. Tapi katingal Ibu nuju bingung; nu matak ku kuring gancang disampeurkeun heula. Aya naon ibu ?” Gancang wae Nyi Emeh asup ka enggon, teu lila kaluar mawa surat panggilan tea. Ti Gupernemen di Batavia. Jalma ayeuna mah apal naon lantaranana Nyi Emeh, indungna, kacida bingungna; sabab panggilan ti Landrat mah lain perkara biasa; ari pek manehna euweuh di imah, bari teu puguh dumukna; nya puguh atuh ngabingungkeun. Barang dicokot suratna sanggeus ngabuka amplopna; eta surat teh unina kieu : Saminggu satarimana ieu surat, kowe Jalma kudu gancang ngadep ka LandRechten di Batavia. Ngan sakitu eta eusina tulisan teh. Wah moal bisa ayeuna2 atuh nemonan Nyi Ipah jeung Ajengan Salim teh; lantaran surat ieu kudu gancang dibereskeun; teu meunang ditunda tunda. Aya naon nya matak aing dipanggil ka Kantor Pangadilan ? Kitu pagaliwotana pikiran Jalma waktu harita. Nya sanggeusna beres2 gancang wae Jalma janari keneh ninggalkeun Leuwiseeng; bari tomada supaya Nyi Emeh ulah geruh; belesat we Jalma ngagunakeun elmuna; atuh ngan sakilat ayeuna mah perjalanan teh. Ngan orokaya nepi ka Sukabumi Jalma rada kacapean lantaran terus2an ngagunakeun elmuna. Nya istirahat heula we di Sukabumi. Isukna Jalma belesat deui. Di Puncak Pass Jalma nyimpang heula ka Tuan Hendrick; Tuan Hendrick oge heraneun aya naon cenah Jalma dipanggil ? Mungkin oge aya fitnah; tong salempang cenah mun enya urang bener pasti moal aya naon2. Kitu pikiran Tuan Hendrick waktu harita. Satiap Jalma ngagunakeun elmunaa, euweuh hiji oge jelema nu nyahoeun, paling ge karasa aya nu ngolebat; atawa nyangkana meureun angin ngaliwat. Kacaturkeun wae Jalma nepi ka Batavia; langsung we ngadep ka Landrechten; gancangna wae Jalma geus jadi tahanan Landrechten; kalawan Jalma teu nyaho naon2 kasalahanana. Tapi Jalma teu pisan protes, dituturkeun we hayang nyaho nepi ka mana. Ku sabab ditangkepna Jalma dimuat di Batavia Post, atuh Bella jeung indungna oge nyahoeun; gancang wae Bella ngabel Richard; nu saterusna duanana ngadatangan kantor landraat; tapi ieu dua sobat Jalma teh ditolak lantaran cenah Jalma tahanan “Kakap” alias kasusna beurat ; teu sambarang jelema bisa ngahubungan ieu tahanan. Tangtu wae Richard jeung Bella kacida kaget jeung heranna. Ku sabab Bella ayeuna mah geus jadi Pengacara; lantaran geus lulus Meester in The Rechten Taun kamari; terus we Bella ngadatangan sobat2 relasi2na; utamana relasi bapana. Sedengkeun Kapala Kantor Landraat teh sobat bapana pisan; nya Bella jeung Richard ngadatangan Meneer Van Geheerst kapala Landraat di imahna . Barang narima kadatangan Bella jeung Richard sore2 Meneer Van Geheerst narima ieu dua pamuda kalawan someah :”Aeh Bella tara2 ti sasari datang ka dieu ? Pasti aya hal penting nya ? Ari ieu saha ? “ bari nunjuk ka Richard. “Euh ieu Ricky sobat kuring; anakna Mr. Chandler pangusaha Export Import.” “Hahaha, sok atuh Rick welcome.” Cek Meneer Van Geheerst Iinggrisan. Terus we duanana asup; kabeneran Mevrouwna kaluar; terus we sasalaman. Sanggeus basa basi; nya Tuan Geheerst nanyakeun maksud kadatangan Bella; terus we nyarita yen aya sobat maranehna teu gugur teu angin jadi tahanan Landraat; pajarkeun tuduhanana ngalakukeun kajahatan tingkat 1; nu matak teu bisa jeung teu meunang gana2 didatangan. Hanca
