Meneer Geheerst kacida kagetna; moal enya pamuda Pantar Bella boga hubungan ka tahanan penting nu ngabahayakeun ? Jeung saha atuh tahanan nu boga hubungan jeung Bella ? Asa euweuh hiji tahanan Walanda; atawa Bulek di na sabulan akhir ieu ? Naha ieu Bella ngaku sobat deuih ? Kapan lolobana mah Inlanders nu ditangkep teh ? Jeung anu aya kasus jelema jahat mah hiji pamuda ngaranna Jalma urang Leuwiseeng ?! Piraku onaman Bella boga hubungan ka hiji urang Kampung onaman ? Kitu pikiran Tuan Van Geheers waktu harita.
Tapi pok wae Meneer Van Geheerst nanya:”Saha ngaranna eta tahanan ? jeung urang mana ?” “Jalma, urang Leuwiseeng !” Walon Bella singget pisan. Mun enggeus mah, Tuan Geherst ngadenge geledek saleser asa moaal kaget teuing; dibanding ngadenge omongan Bella nu ieu, ku kaget2na. Ieu tahanan teh, tahanan penting; jeung dikategorikeun “bahaya pisan”; ayeuna diaku ku Bella eta sobatna. Bella oge surti yen pasti Meneer Van Geheerst kaget; terus we Bella nyarita :” Bisi wae eta teh Fitnah; kudu ditaliti deui. Asa piraku Jalma ngalakukeun kajahatan nu sakitu gedena ? Naon kajahatanana teh atuh ?” Tuan Geheerst :”Wah … enya … bisa wae fitnah; ngan ku sabab kudu ati2 tahanan anu sakitu pentingna nya kudu dijaga pisan; bisi kabur.” “Kabur !?” Cek Bella, “moal ge nyampeurkeun atuh ngajawab panggilan Landrats lamun rek kabur mah ?” “Enya, nya ? cek meneer Van Geheerst bari kerung. “Tah Oom,” cek Bella saterusna. Kuring rek daftar jadi Pengacara Jalma; da kuring yakin manehna bener. Pasti ieu Fitnah. Meunang laporan ti mana Oom ?” Meneer Van Geheerst :” Bawahan Oom nu geus kacida dipercayana , meunang laporan ti Pagawe Landrech Pangkat Pagawe Biasa I; nu geus meunang pangaduan ti Hiji Centeng Tuan schenken nu boga kebon kalapa sawit tea; tah eta centeng teh ngaranna Tanu … eee … ya Tanu .. cenah geus nyaksian yen Jalma boga hubungan jeung gorombolan Bandit Maung Hideung. Kapan Maung Hideung teh Buronan beurat Gubernemen. Tah eta sababna Jalma ditangkep.” Hanca
