Sanggeus ngadenge omongan Richard kitu, derekdek we Jalma nyaritakeun pangalamanana ngagempur Kumpulan Rajawali Bodas nu dipimpin ku Ki Tanu; rupana Ki Tanu bisa cageur deui; jeung terus hayang males pati.
Richard unggut2an satuju, ari Bella pok nyarita :”Oh jadi kasusna kasus nyulik budak awewe dua; wah ieu kasus gede pisan. Ngan sampeyan teu laporan tapi nyieun tindakan sorangan, Jadi kapaksa menta bantuan ka Maung Hideung.” “Di na keur krisis waktu; komo nyulikna ge teu kaciri; euweuh nu nyahoeun sasaha oge; mun laporan tea mah; eta dua budak teh geus pasti leungitna lantaran disumputkeun atawa dirogahala. Jadi kapaksa di na hal ieu demit lawan demit. Laporan mah sarua jeung ngahudangkeun maung keur hees.” Kitu Jalma ngajelaskeun kasusna. Bella jeung Rixhard unggut2an satuju, tapi tetep we hese kumaha carana ayeuna bisa lolos ti na fitnah nu ieu. Bisa dilakukeun, ku Jalma teu ngaku sama sakali; tapi hartina eta bohong gede. Atawa hal kadua, lamun si Tanu narik fitnahanana. Jalma ayeuna nyarita tatag :” Kuring rek nyekel cara kadua, da kanyataanana memang kuring kumpul2 jeung Maung Hideung; dimana kuring mah embung pipilueun urusan nagara atawa Pulitik; nya kapaksa kuring rek ngusahakeun pangakuan ti Ki Tanu pribadi. Sok we sebutkeun dimana ayeuna Ki Tanu; jeung dimana kira2 alamat jeung salian ti eta. Terus sok nyieun surat pangakuan Ki Tanu; engke kuring bakal nitah manehna nanda tangan eta surat, nu geus disadiakeun.” Sajongjongan mah Bella ngahuleng, lantaran pasti hal ieu lain perkara gampang; mangkaning di perkebunan kelapa sawit Tuan Schenken pasti lain wungkul loba Centeng; tapi oge UPAS ! Nu pastina ge marawa bedil Ieu nu dipikasieun ku Bella. Kumaha carana Jalma bisa asup ka ditu kalawan aman ? Richard oge nu geus nyaho kabisa Jalma; ngahuleng oge , sabab perkara maksa kitu mah lain perkara gampang; mun gagal tea mah, matak leuwih ngabeuratkeun kasusna. Bella jeung Richard jero2na mah teu satuju cara Jalma kitu teh; tapi da euweuh deui cara, nya Bella jeung Richard ngan ukur namprahkeun leungeun dua; tanda kumaha maneh we lah. Ngan eta dua jelema ayeuna geus satuju yen sagala upaya bakal dilakonan pikeun ngabela Jalma; lantaran maranehna nyaho, yen Jalma teh jelema jujur. Hanca
