Atuh isukna barang diusahakeun , dua jelema geus meunang info nu lengkep oge; nya terus we ngagambarkeun hiji denah, tempatna ki Tanu, jeung kumplit tempat ngajaga sarta kamar pribadi Ki Tanu, maranehna oge geus ngusahakeun Bak pikeun cap jempol jeung ramo.
Jalma jigrah lantaran sobat2na nyata gawena mucekil pisan. Peutingna manehna nempoan alamat nu rek dituju, nempo jalan2na; geus aya kapastian mah; Jalma siap2 rek nyieun aksi. Manehna geus apal iraha, bakal aplus jaga; terus iraha waktuna ronda; tah na waktu giliran kitu ngan sakilat Jalma kaluar ti jero tahanan ; pikeun Jalma mah saenyana gampang pisan muka jeung nutup gembok panto tahanan teh.nempo melengna nu jaraga. Ngan sakilat oge Jalma geus aya diluar tahanan Landraad. Terus we nuju katempat Kebon Kalapa Sawit Tuan Schenken. Saenyana mah jauh eta kebon kalapa sawit teh ti Landraad; tapi pikeun Jalma nu ayeuna geus luhur pisan elmuna; ngan sakilat geus aya hareupeun eta kebon kalapa. Situasina katempo ku Jalma ti luar yen maranehna aya nu keur uplek ngawangkong bari ngopi; aya oge nu keur maen kartu; aya oge nu karalang kuriling ronda; tapi upas mah ngan ukur saurang mamawa bedil di pos piket. Maranehna teu kaciri enya2 ngajaga, lantaran memang biasana oge aman; saha nu wani atuh asup ka kebon kalapa tuan Schenken; kakara aya nu asup lunta lanto ge geus digebes manten, ku para centeng. Eta para Centeng teh dipimpin ku hiji Centeng, nu kaciri ngajago pisan; anak buahna kabeh sarieuneun. Teu salah deui eta teh urut pamimpin Rajawali Bodas, Ki Tanu tea. Waktu bareto tarung jeung Jalma, manehna keuna tatu jero nu parna oge; terus we dipunggu ku Ki Suja; dibawa ka bapana; nu memang ahli obat2an. Ki Tanu dirawat ku Ki Suja jeung bapana talaten pisan, akhirna sanggeus sataun leuwih manehna walagri deui; terus ngalatih deui Elmuna. Untung elmuna mah masih nyesa, teu musna; atuh kacida bungahna Ki Tanu; manehna boga tekad males kanyeri ka Jalma; tapi manehna ngarti yen mun maksakeun maneh tangtu gagalna. Lantaran Jalma elmuna jauh teuing rek disusul; hamo kasusul.Lantaran Jalma ngora keneh, jadi kamajuanana pasti leuwih gancang ti batan manehna. Ku sabab manehna asalna pamimpin hiji kumpulan; nya tangtu we manehna boga otak pinter; nya manehna mikir bakal ngadukeun Jalma jeung pihak Kumpeni; da eta nu paling gampang mah males pati ka Jalma teh. Nya manehna usaha pikeun kapake di Batavia; akhirna manehna kapilih ku Meneer Schenken jadi centeng. Asalna mah centeng bawahan; lila2 ku sabab manehna bisa nunjukkeun yen manehna pangjagona; nya diangkat jadi kapala centeng. Ku sabab manehna bisa baca tulis masing parutat paretot oge; manehna nyieun laporan ka hiji pagawe landraad kenalan Upas nu sok ngajaga di dinya; nya harita Ki Tanu nyieun laporanana. Nu langsung diresponse pisan ku Landraad; lantaran Kumpeni hayang gura giru nuntaskeun eta Maung Hideung nu sok dilaporkeun ngaganggu perjalanan para sudagar. Kitu asal muasalna surat panggilan ti Landraad ka Jalma. Ayeuna urang teruskeun Jalma nu keur ngintip; nempo kaayaan di pos jaga eta kebon kalapa sawit; manehna nempo Ki Tanu keur dipencetan ku salah sahiji anak buahna, bari kaciri peureum beunta. "Wah Bang Tanu pinter beeng ngejatohin orang ! Itu nyang namenye si Jalma pasti gak bekutik; tapi pegimane Bang kalo itu si Jalma gak mo ngaku !?" Ceuk nu mencetan ka si Tanu. Jadi bari mencetan bari ngarobrol eta dua centeng teh. Kadenge Ki Tanu bari nyakakak ngajawab :" Hahahaha ! ELO gak useh kuatir Mat ! Gua bakal bikin tu si Jalma nglengso sebelon ke pengadilan ! Hahahaha ! Tunggu aje saatnye ! Kan gua laporkan bahwa ntu si Jalma gak bakalan NGAKU jadi mesti diseksa ampe kejer ! Hahaahaha. Mana bisa si Jalma bekutik !? Hahahaha ! Siape dulu dong !Ki Tanu !?" Hanca
