Ayeuna urang teruskeun Jalma nu keur ngintip; nempo kaayaan di pos jaga eta kebon kalapa sawit; manehna nempo Ki Tanu keur dipencetan ku salah sahiji anak buahna, bari kaciri peureum beunta. "Wah Bang Tanu pinter beeng ngejatohin orang ! Itu nyang namenye si Jalma pasti gak bekutik; tapi pegimane Bang kalo itu si Jalma gak mo ngaku !?" Ceuk nu mencetan ka si Tanu. Jadi bari mencetan bari ngarobrol eta dua centeng teh. Kadenge Ki Tanu bari nyakakak ngajawab :" Hahahaha ! ELO gak useh kuatir Mat ! Gua bakal bikin tu si Jalma nglengso sebelon ke pengadilan ! Hahahaha ! Tunggu aje saatnye ! Bakalan gua laporkan bahwa ntu si Jalma gak bakalan NGAKU jadi mesti diseksa ampe kejer ! Hahaahaha. Mana bisa si Jalma bekutik !? Hahahaha ! Berani nglawan Gua ?! Ki Tanu ! Hahaha !" Keur guntreng, ujug2 karasa si nu ngurut eureun ngurutna; Ki Tanu heran ? Ki Tanu nyentak ka nu ngurut :” Sok sok tuluykeun siah ! Na make eureun ? Aing can nitah eureun ka maneh hah !?” Tapi eta nu mencetan, ngabetem we. Ku sabab keuheul, ceprot wae eta centeng apes dicabok ku manehna; tapi lain neruskeun hanca ngurut, tapi molohok meleng; matana sama sakali euweuh sinar sadar. Ki Tanu kaget barang nempo eta nu keur ngurut; manehnaa sadar yen geus aya nu nyilakakeun, bari maranehna teu sadar. Tangtu eta jelema nu ngalakukeunana sakti pisan. Manehna gancang hudang, rarat reret nempo centeng nu sejen oge aya anu ngajentik, bari kaciri maranehna teu apal. Nu matak Ki Tanu jadi reuwas pisan , nempo upas oge geus ngulahek, bedilna geus rag rag dihandap. Ki Tanu beungeutna sepa; manehna sadar jelema atawa Pendekar nu datang, tangtu luhur pisan elmuna; nepi ka euweuh saurang ge nu sadar ka na kadatanganana; manehna rek ngabecir bari cocorowokan; tapi karasa aya angin nu niup ka na badanna; dihareupeunana ujug2 geus ngajega hiji jelema, bari teu aya tanda2 ti mana datangna. Manehna kacida kaget jeung reuwasna, tapi nu nambahan kakaget manehna; nepi ka ampir2an manehna kapaehan, ieu jirim teh nyata … JALMA ! Hanca
