“Sanyatana, diantara urang ieu loba nu geus boga kulawarga; kaasup Kula sorangan; ngan urang langka nemonan kulawarga, lantaran tugas urang kacida weritna; salah lengkah ; bakal panggih jeung musuh, nu ngakibatkeun urang dilaporkeun ka Kumpeni; jadi kapan urang teh keur ngirim duit ka kulawarga urang teh , ngagunakeun hiji dua batur urang; nu sina ngumpul jeung masyarakat, supaya ulah dicuriga; terus sabulan sakali samuni2 nemonan kadieu kapan; tah ku parantaraan maranehna kulawarga urang teu susah2 teuing hirupna.”
Ki Darga ngarenghap heula sakeudeung, terus nyambung deui :” Loba oge dulur urang, nu can baroga pamajikan, tah ayeuna kasempetan arandika keur ngawangun kulawarga; piraku onaman cita2 maraneh nepi ka kolot jadi BEGAL !” Ngomongna ditekenkeun pisan. Terus Ki Darga larak lirik nempo reaksi para anak buah. Memang ku omongan Ki Darga nu pang akhirna, jadi loba nu noroweco silih tempas jeung baturna; Ki Darga ngangkat deui leungeunna; para anak buah Maung Hideung rarepeh deui; ayeuna maranehna tambah serius kacirina. Ki Darga pok nyarita deui :” Jalma dipanggil ku Landraad, tuduhanana geus ngabantu Maung Hideung; ari nu mitnah Jalma; “SOBAT” urang Ki Tanu, ti Rajawali Bodas !” Ngahaja Ki Darga eureun; bener we loba pisan nu komentar; pangpangna nyarekanan Ki Tanu. “Tah !” Ki Darga neruskeun pidatona. “ Ayeuna Ki Tanu geus paeh, gantung diri cenah; meureun ngarasa hanjakal geus mitenah ka Jalma. Tapi nu penting lain hal eta; Kumpeni jadi leuwih giat nyilidik ka urang. Tah ku sabab kitu; lambat laun maranehna bakal manggihan panyumputan urang. Pasti bakal rame; jeung pasti urang bakal tumpes. Ku sabab kitu, keur kasalametan sarerea hayu ayeuna urang bubarkeun we ieu kumpulan teh; jeungna deui harta urang ge geus lumayan pikeun dibagi bagi !” Ki Joyo Sembodo, bari rada kukulutus maju ka hareup, pok nyorowok :” Ke heula anan Ki Darga, mun sampeyan geus teu sanggup jadi pamimpin, Kula ge sanggup !” Ger atuh omongan Joyo Sembodo loba nu ngomentaran, boh ngadukung, boh nyarekan. Hanca
