Sok sanaos seuseurna pembaca ngantosan cersil Jalma kanggo sakadar "hiburan", 
tapi aya saena  upama dina carios saterasna, kedah sing atos-atos dina ngajalin 
cariosna. Para anggota  surelek KUsnet sareng Kisunda, beragam pisan sareng 
sanes jalma jore-jore. Eta cenah anu ngomentaran mung hiji dua sareng masalah 
"kembangna" wae tibatan eusi sareng falsafah carios cersil eta, kuring yakin 
"silent mayority" pembaca jalmi-jalmi kritis anu alim ngedarkeun pendapatna di 
ieu milis.

Jalinan carios cersil beuki kompleks sareng seueur tokoh anu benten-benten 
karakterna. Kedah rada logis jalan caritanya, heunteu asal-asalan. Misalna wae, 
naha jaman harita ( teu disebatkeun taunna) salian ti walanda, aya oge 
pangusaha urang Inggris di Indonesia. Langkung ilahar, upama dina carios cersil 
teh, digambarkeun oge urang Tionghoa, anu sacara budaya sareng kesejarahan 
langkung eksis aya di Indonesia tibatan urang Inggris.
Duka tah, dina episoda kasabaraha aya tokoh urang Tionghoa dina cersil. Pan 
upami dina komik Karangan Djair (serial Djaka Sembung), salian ti nyabit-nyabit 
para radja di wilayah Nusantara, aya oge dicarioskeun urang Tionghoa.

mrachamtrawyani

Kirim email ke