Episode 83 : Nasib Maung Hideung
Ki Darga ngumpulkeun balad2 Maung Hideung , sakabehna karumpul; kaciri paroman maranehna rada kusut teu gumbira cara sasari; loba nu geus apal naon sababna Ki Darga ngumpulkeun sakabeh anggota di na waktu ieu; tapi loba oge nu can nyahoeun, naon sababna ayeuna dikumpulkeun. Sanggeus sakabehna ngariung; Ki Darga maju ka tengah pok ngomong satengah nyorowok :”Hey balad2 ; arandika apal kumaha dongeng Jalma kamari dipanggil ka Landraad ?” Anggota2 Maung Hideung pating corowok, yen maranehna can nyaho. “Yeuh batur2 !” Ki Darga nyarita deui. “Jalma dipanggil ku Gubernemen di Batavia; lantaran naon ?” Lantaran ku ieu Maung Hideung !” “Haaah ! “Pating corowok anggota2 teu narima; sawareh heran jeung keuheul. Ki Darga ngangkat leungeunna, jep deui para anak buah Maung Hideung jempe; terus Ki Darga neruskeun pidatona :” Dulur2 sakabeh ! Kaula ayeuna aya maksud ngabagikeun hasil usaha urang !” … Can ge tamat Ki Darga nyarita; para anak buah Maung Hideung loba nu komentar; yen masih keneh resep reureujeungan jeung pada babaturan; malah asa leuwih ti jeung dulur; jadi loba nu arembung bubar; lantaran ka ngaran ngabagi hasil eta teh sarua jeung ngabubarkeun diri. Ki Darga ngangkat deui leungeunna bari ngagorowok :” Eh batur2 ! mangke heula ! Dengekeun heula ieu omongan Kula; ulah waka komentar !” jep deui para anak buah rarepeh. Hanca
