Tapi Ki Darga kaciri tenang we, pok nyarita deui :” Kula moal maksa ! Ieu mah ka nu rek hayang salamet we; tapi mun aya rombongan nu hayang neruskeun, nya terserah maraneh; ngan tetep Kaula bakal ngabagi harta nu ayeuna aya; engkena naha rek dikumpulkeun deui jang majukeun kumpulan; kuma dinya; Kaula moal pipilueun; ngan ayeuna Kaula rek ngabagikeun harta; saterusna terserah maraneh sakabehna !”
Saenyana mah loba oge nu satuju ieu kumpulan dibubarkeun, bari jeung dibagikeun hasilna; maranehna ngarti yen umur maranehna maju ka kolot; terus nyaho bahayana mun neruskeun lalampahan kawas ayeuna; tapi loba oge nu mikirkeun babarengan sakitu lilana, naha gampang pisan dibubarkeunana ? Tapi ku sabab Ki Darga ayeuna ngomong rek ngabebaskeun kuma maranehna; euweuh alesan deui maranehna protes; nya sarerea pada narima eta kaputusan. Di na ngabagikeun eta harta ; Ki Darga saenyana rada bingung; manehna masrahkeun ka Ki Wira; nu dibantu ku Ki Gento jeung sawatara anak buah Maung Hideung. Nyata di na hal ieu loba oge barebedanana; teu gampaang kitu wae; komo Ki Joyo Sembodo mah, manehanana mindeng pisan ngamajukeun protes; alesaanana manehna kudu leuwih loba ti batan nu sejen; lantaran aya maksud ngadegkeun nuluykeun kumpulan Maung Hideung. Ki Darga oge ngarti ka na masalah ieu; terus wae nyarita yen keur manehna sabaraha wae asal memang geus diatur, bakal nurut moal menta hayang dileuwihkeun ti batur. Nya atuh Joyo Sembodo ge teu wani maksa deui. Nya akhirna sanggeus sabulan, eta bagi “WARIS” teh rengse; aya nu gumbira, aya nu sedih; terus we Ki Darga ngayakeun pesta perpisahan; terus manehna nu ti heula indit ninggalkeun Pasir Buncit. Disusul Ki Wira dituturkeun ku limaan anggota Maung Hideung. Saterusna belasan anggotaa Maung Hideung arindit ninggalkeun Pasir Buncit. Ayeuna nu sesa di Pasir Buncit kurang ti satengahna; lantaran rata2 pada nuturkeun cara Ki Darga; tapi nu nyesa ayeuna oge kaasup kuat, lantaran aya Ki Uca; Ki Jumsa; Ki Seta jeung Ki Gondo; nya eta jago2 andelan Maung Hideung ; atuh Ki Joyo Sembodo bungangang oge. Nya sanggeus baradami; Ki Joya sembodo diangkat jadi Ketua; penasehatna Ki Gondo. Ari kumpulanana ayeuna mah diganti lain Maung Hideung deui; lantaran pasti dimusuhan Ku Kompeni; jadi ganti ngaran jadi Kidang Kancana. Ieu cenah hartina; maranehna kudu pinter2 di na ngalakukeun usaha, ulah katangar ku Kumpeni. Jadi ti semet harita, teu kadenge deui aya Kumpulan Maung Hideung; jeung ngahaja digemborkeun yen eta kumpulaan Maung Hideung geus bubar. Jadi Kapala Kaamanan Kumpeni oge mere laporan ka Gubernur, yen Para Begal Maung Hideung geus tumpes; tapi maranehna masih neangan urut pamimpin eta Maung Hideung; ngan teu pati diusahakeun pisan; cukup ku para telik Sandi Kumpeni we eta mah. Hanca
