Episode 84 – Nyoman Sakarta Lawan Mawar Hideung
Harita keur meujeuhna beuteung kukurubukan; Hiji Rumah Makan, nu disebut Minang Maimbau, kacida ramena ; loba nu dalahar di dinya; keur kitu jol wae aya hiji awewe make pakean singset sarwa Hideung; buukna diiket ku pita beureun; na dadana kaciri aya gambar Ros nu warnana Ungu semu Hideung; barang eta awewe asup; si nu boga langsung narima kalawan kacida someahna; gancang mere tempat nu strategis, bisa nempo kaluar kalawan bebas. Eta awewe teh, ngan ukur unggeuk saeutik terus we diuk di na meja nu disadiakeun khusus keur manehna; ngan sakeudeung eta meja geus pinuh kadaharan khas Minang. Para tamu sejen barang nenjo ieu awewe, enya ari geulis mah; tapi maranehna pating keteyep saurang saurang ninggalkeun eta RM; bari kaciri paromanna rada hariwang. Nempo kaayaan kitu eta awewe teh ngagupayan ka nu boga RM; pok nyarita :” Eh uda, hampura kuring geus ngaganggu ka na jualan uda; keun we kuring moal lila da. “ Bari unggut2an eta si Uda ngawalonan :” Ulah kitu Mawar Hideung; maranehna matak ting laleos teh da enggeusan daharna.” Eta awewe teh enya bener Pendekar nu kasohor pisan , nya eta Mawar Hideung, manehna ayeuna geus tepi ka daerah nu memang manehna sering datang. Da memang kaliwatan; waktu manehna nalukeun astrajingga cs nu ayeuna mah jadi bageur, daek usaha teu jadi oah deui; terus oge waktu manehna rek tarung jeung setan alas kobar; nyimpang heula ka dinya. Atuh ampir euweuh nu teu kenal ka manehna teh. Rata2 jelema2 sarieuneun lamun nempo Mawar Hideung. Enya ge teu jahat, tapi ngaranna ge Pendekar nomer hiji; bisa we salah paham ? Pan cilaka tah ? Ti batan nyieun masalah maning keneh ngajarauhan. Eta sababna jelema2 pas nempo aya Mawar Hideung asup, langsung barirat. Waktu Mawar Hideung/Lasmini keur ngarasakeun nimatna rendang Padang; jol we aya hiji jelema nu kaciri gagah; tapi paromanna nguntup; ti na pakeanana kaciri pisan urang Bali; terus manehna ngadeukeutan ka nu boga RM; menta disadiakeun meja nu deukeut ka Mawar Hideung. Nempo tingkah laku eta si urang Bali, Mawar Hideung sama sakali teu robah paromanna; terus we dahar bangun nimat pisan. Hanca
