Bah Cersil 262 mah sing panjang nya, pasti rame kumaha tarungna antara Mawar 
hideung jng Nyoman Sakarta. Ngarah teu panasaran teuing, hehe

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf 
Of Abbas Amien
Sent: Tuesday, January 29, 2013 9:28 AM
To: kisunda; urangsunda
Subject: [Urang Sunda] Cersil Sunda 361

 

  




Episode 84 – Nyoman Sakarta Lawan Mawar Hideung

 

Harita keur meujeuhna beuteung kukurubukan; Hiji Rumah Makan, nu disebut Minang 
Maimbau, kacida ramena ; loba nu dalahar di dinya; keur kitu jol wae aya hiji 
awewe make pakean singset sarwa Hideung; buukna diiket ku pita beureun; na 
dadana kaciri aya gambar Ros nu warnana Ungu semu Hideung; barang eta awewe 
asup; si nu boga langsung narima kalawan kacida someahna; gancang mere tempat 
nu strategis, bisa nempo kaluar kalawan bebas. Eta awewe teh, ngan ukur unggeuk 
saeutik terus we diuk di na meja nu disadiakeun khusus keur manehna; ngan 
sakeudeung eta meja geus pinuh kadaharan khas Minang.

 

Para tamu sejen barang nenjo ieu awewe, enya ari geulis mah; tapi maranehna 
pating keteyep saurang saurang ninggalkeun eta RM; bari kaciri paromanna rada 
hariwang.

 

Nempo kaayaan kitu eta awewe teh ngagupayan ka nu boga RM; pok nyarita :” Eh 
uda, hampura kuring geus ngaganggu ka na jualan uda; keun we kuring moal lila 
da. “

 

Bari unggut2an eta si Uda ngawalonan :” Ulah kitu Mawar Hideung; maranehna 
matak ting laleos teh da enggeusan daharna.”

 

Eta awewe teh enya bener Pendekar nu kasohor pisan , nya eta Mawar Hideung, 
manehna ayeuna geus tepi ka daerah nu memang manehna sering datang. Da memang 
kaliwatan; waktu manehna nalukeun astrajingga cs nu ayeuna mah jadi bageur, 
daek usaha teu jadi oah deui; terus oge waktu manehna rek tarung jeung setan 
alas kobar; nyimpang heula ka dinya. Atuh ampir euweuh nu teu kenal ka manehna 
teh. Rata2 jelema2 sarieuneun lamun nempo Mawar Hideung. Enya ge teu jahat, 
tapi ngaranna ge Pendekar nomer hiji; bisa we salah paham ? Pan cilaka tah ? Ti 
batan nyieun masalah maning keneh ngajarauhan. Eta sababna jelema2 pas nempo 
aya Mawar Hideung asup, langsung barirat.

 

Waktu Mawar Hideung/Lasmini keur ngarasakeun nimatna rendang Padang; jol we aya 
hiji jelema nu kaciri gagah; tapi paromanna nguntup; ti na pakeanana kaciri 
pisan urang Bali; terus manehna ngadeukeutan ka nu boga RM; menta disadiakeun 
meja nu deukeut ka Mawar Hideung.

 

Nempo tingkah laku eta si urang Bali, Mawar Hideung sama sakali teu robah 
paromanna; terus we dahar bangun nimat pisan.

 

Hanca



  _____  

No virus found in this message.
Checked by AVG - www.avg.com
Version: 2013.0.2890 / Virus Database: 2639/6062 - Release Date: 01/27/13

Kirim email ke