sigana mah plot ieu CERSIL teh diwatesan dugi ka Jalma we; teu acan kapikir ke 
aya tuunanana. Hehehehe. Punten

--- On Tue, 29/1/13, MRachmat Rawyani <[email protected]> wrote:

From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Kanggo kang Rachmat Rawyani
To: "[email protected]" <[email protected]>
Received: Tuesday, 29 January, 2013, 5:58 AM
















 



  


    
      
      
      Bangsa Indonesia "melek huruf" saparantos aya politik etis anu 
dijalankeun ku Walanda. Nya kitu oge ti pihak walanda aya pandangan anu teu 
nganggap bangsa Indonesia teh sanes inlander, siga pamikiran Bella ka Jalma. 
Oge kasadaran "berbangsa" saatos aya politik etis. Hilap deui, taun sabaraha 
walanda ngawitan ngajalankeun politik etis eta. Politik etis ieu oge pan 
mangaruhan kana para pangreh praja, sapertos kulawargi Padmini. Ki nurustunjung 
(jalmi cacah) moal tiasa nikah pami di kalangan bupati/pangreh praja 
kapangaruhan ku politik etis. Kinten-kintenna sajaman sareng R.A. Kartini. Atuh 
kaayaan pasantren tiasa oge dikaitkeun sareng   jaman barontak kiai Haji Hasan 
Mustafa di Tasik.

Supados rada "tragis", cara berpikir Jalma, Padmini, Bella, eleh ku pamikiran 
kakawasaan kolonial walanda, Tapi "bibit-bibit"
 kebebasan, persamaan, nasionalisme nurun ka para putra sareng incuna Jalma 
sareng kulawargana. Nyonto kana riwayat Kangjeng Nabi Muhammad,  anu bersih 
tina pangaruh budaya jahiliyah, tiasa diterapkeun ka (calon) putrana Jalma anu 
aya di Gunung Muria, calon  tokoh utamana dina carios ieu.

Sakitu anu kapihatur, pamugi aya mangpaatna.

Wassalam.

Mrachmatrawyani


        From: Abbas Amien <[email protected]>
 To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> 
 Sent:
 Monday, January 28, 2013 6:26 PM
 Subject: [Urang Sunda] Kanggo kang Rachmat Rawyani
   
















 



    
      
      
      bari ngaguluyur bari dipikir; taun sabaraha ieu Cersil teh; dugi ka 
ayeuna teu acan wae kapendak raratanana; tadina mah manawi we kapendak bari 
maju; tapi masih keneh lebeng.
Kantenan upami pasarandog sareng ngaran lembur2 mah; tambih rieut deui.

Ieu teh sigana Tanah Sunda tanah Jawi sibf Ghoib tea. Hahahaha.
Aya saran ? Kumaha upami 1800 - 1900 ? rada logis henteu nya kinten2 ?
Tapi aya kasulitan ,  kumaha 1825 - 1830 ?  Diponegoro ? Rieut deui !
Da kahoyong mah ulah campur aduk sareng PULITIK !
Atawa saatos 1880 kituh ? rada cepeh da saatos geger China tea !
1880 - 1920 ? Kapan sakedap deui PKI Baruntak ! 1926/ Kapan aya sumpah pemuda 
1928.
Tah panginten sapuluh taun sateuacanna ge tos raribut sareng arusaha ?
Jadi hese deui.
Kumaha tah Kang Yani ? 


    
     











    

    
     

    
    






  








Kirim email ke