Nya atuh, eta urang Bali ge deker milu dahar; tapi terus ngagebag meja :”Eh kadieu uda siah !”
Atuh bari rada ngadegdeg eta si Uda nyampeurkeun ka si urang Bali:”Bade aya pikersaeun naon kulan ?” Cek si Uda sopan pisan. “Eh Kaula ngambeu nu bau bau; di na waktu ieu; Kaula Nyoman Sakarta teu resep ka na bau ieu; cing pang nyingkirkeun !” Eta urang Bali teh nyata Nyoman Sakarta nu sering ngajago didaerah eta; kaasup geus merenan Opat Jagoan Cirebon; nu matak manehna ge kaasup dipikasieun disapanjang Purworejo, Purwokerto jeung daerah2 sakurilingna; memang nepi ka ayeuna , manehna can manggih lawan nu bisa nendengan kadigjayanana. Nu matak ka sasaha manehna nguntup pisan. Manehna barang mimiti asup nempo hiji awewe keur jongjon dahar, nilik ka na ciri2na manehna geus teg yen eta teh pasti si Mawar Hideung. Ah batur mah sieun, aing mah moal mundur; malah ayeuna keneh bakal ditangkep dibawa ka Bromo. Kitu pikiran Ki Nyoman Sakarta. Mawar Hideung barang nempo tongkrongan eta urang Bali, langsug apal, yen eta teh pasti Nyoman Sakarta nu ayeuna keur disohorkeun di daerah eta; manehna seuri na hatena, nya ayeuna aing bakal kenalan jeung urang Bali jago2na singa barong; atuh saterusna manehna oge bakal mraktekkeun kahebatan Elmu nu ti bapana. Terus we Mawar Hideung ngagupay ka si Uda. Si Uda harita bener2 asa ngarasa jadi jelema pang tololna; manehna kakara ayeuna ngarasa bingung sabingung2na; lantaran kaditu sieun ka dieu gimir; nya bari ngadaregdeg manehnya nyampeurkeun Mawar Hideung; diantep we ku Nyoman Sakarta , lantaran hayang nyaho naon nu bakal diomongkeun ku Mawar Hideung. “Eh Uda ! Mun maneh pernah nempo hiji KEBO hitut jeung bukurna; tah ayeuna Uda nyaksian; eta ku bau2na … manehanana teu tahan bauna; tapi manehanana teu apal dimana eta bau … terus neneangan … hehehehe . “ Nyoman Sakarta ngarti, yen eta omongan ditujukeun ka manehna; terus manehna ngagupayan deui ka si Uda :” Uda, cenah di daerah ieu aya jago sohor ngaranna Mawar Hideung … tapi sigana kembangna geus layu nya !? geus teu seungit deui ? nu aya karasa bauna !” “Tapi tenjo uing masih ngahargaan ka manehna; ku sabab kitu ieu rendang bakal dibikeun ka manehna !” Tutas nyarita kitu Nyoman Sakarta ngabeleyerkeun piring leutik nu dieusi rendang, tangtu we eta piring nu dieusi rendang teh nuju pisan ka Mawar Hideung; na hatena Nyoman Sakarta yakin Mawar Hideung bakal keuna wirang; saeutikna masing katakis ge, ku sabab eta piring geus dieusi ku tanaga jero; rendangna bakal muncrat atawa mungkin wae piringna peupeus; mangkaning eta piring leutik teh ngabeleyer kenceng pisan. Mawar Hideung geus ngadenge omongan Nyoman Sakarta jeung nenjo manehna ngabeleyerkeun piring nu dieusi Rendang; Mawar Hideung na hate seuri yen eta kalakuan teh memang biasa dilakukeun ku Mawar Hideung; jadi eta piring nu muter bari ngabeleyer teh ditarima mani gampaang pisan ku curukna nu geus disiapkeun ti tatadi dieusi tanaga jero; manehna ngahaja narima ku curuk; lantaran bari meupeuskeun piring; engke lamun eta piring geus nepi ka leungeun Nyoman Sakarta. Hanca
