Nyoman Sakarta kacida kagetna nempo Mawar Hideung ngan
sakilat geus ngabalikeun deui eta piring rendang; mani gaampang pisan; teu 
kaciri susah sama sakali; jauh tina nu diharep Nyoman Sakarta; bari nyarita :” 
Ti kebo
dungu bau mah aing hamo narima; tah top we lebok kainyah !”


Nyoman Sakarta bari diuk masang kuda2 terus ngerahkeun tanaga
jero; teu disangka barang ditarima karasa leungeunna pegel jeung manehna goyang
ampir tijungkel ti na korsina ! Malah nu matak ngawirangkeun pisan mah; eta
piring leutik kakara ge ditarima langsung burakrakan; nepi ka belingna
marecleng ! Untung euweuh nu keuna ka na kulitna ! Orokaya bajuna mah pinuh ku
daging jeung sambara rendang ! Ieu nunjukkeun yen Mawar Hideung memang jauh
leuwih unggul ti batan Nyoman Sakarta.


Kakara ayeuna Nyoman Sakarta ngarasa  yen manehna asor; tapi geus kapalang; 
manehna
 ngarawu 5 kepeng duit perak nu jadi
senjata andelan manehna; langsung harita keneh dibaledogkeun ka Mawar Hideung;
ari manehna sorangan luncat kaluar !


“Hahahahaha ! Rendang ku uing ditolak ! Tapi ari duit mah
ditarima !”


Kacida kagetna Nyoman Sakarta; nempo Mawar Hideung geus
luncat kaluar malah miheulaan manehna; ayeuna keur megat bari nembongkeun
duit perak nu lima kepeng; teu nyaho kumaha carana eta Mawar Hideung; geus bisa
lolos tina serangan dadakan ku lima kepeng perak; bari masih bisa nyusul jeung
megat manehna. 




Manehna boga rasa sieun oge; tapi manehna kapan kasohor jago
! Mun mundur kitu wae ngaran manehna lain wae ragrag ! Tapi malah mebes pisan
ka jero bumi; ku sabab kitu Nyoman Sakarta jadi nekad; manehna nyerang Mawar
Hideung ku tanaga 9 bagian ! Manehna yakin waktu ieu mah Bakal nutup wirangna;
enya saenyana mah bahaya pisan tanaga gede dikaluarkeun; boh ka lawan, atawa ka
dirina, tapi geus kapalang; terus we manehna susumbar :” Mawar Hideung, memang
jago. Tapi ayeuna bakal dikirim ka naraka ku Nyoman Sakarta !”


Mawar Hideung lain nyingcet atawa mundur malah luncat mapakan
eta teunggeulan ! Bari oge nyarita : Ah tong boro Sakarta ! Dua karta ge moal di
panglumpatkeun !” Atuh harita keneh dua tapak langsung diadu !  



Kumaha akibatna ? Nyoman Sakarta kokoloyongan malah asup deui
ka jero RM Minang Maimbau ! Barang nepi barang ohek ! gebrug we Nyoman Sakarta
rubuh; ti na sungutna kaluar getih; tanda yen manehna geus tatu parna dijero.
Nya Nyoman Sakarta diuk nenangkeun diri; terus diuk semedi ngatur jalan nafas.
Manehna inget ka Ki Gofar; emh kieu meureun nasib manehna harita waktu digebug
ku aing ? Kitu pikiran N yoman Sakarta. Ayeuna manehna lain wae teu wani deui;
malah manehna enyaan ngarasa sieun ku Mawar Hideung; manehna ngarasa manehna 
nguntup
teuing; padahal nyata pisan Mawar Hideung jauh saluhureun manehna. Tadina mah
hayang sohor sorangan; teu kudu bebeja ka Made Galiga, atawa I Gde Butuh; tapi
ayeuna karasa ku manehna; ieu Mawar Hideung najan dikoroyok ku tiluan ; can 
puguh
maranehna bisa meunang.


Keur kitu Mawar Hideung lalaunan nyampeurkeun terus nyarita
pinuh ku komara :”Hahaha, Kaula muji ka na kawani sampeyan; Nyoman Sakarta !
Masih hayang keneh nyekel gelar Pendekar !? Ku Kula bakal diturut tinggal
sakali ninggang deui !”


Kaget Nyoman Sakarta; masing geus leuleus ge manehna
nguatkeun diri hudang terus nyembah ka Mawar Hideung :” Duuuh ampuun Mawar
Hideung ! Kula moal wani2 deui ka sampeyan; mun Kula ti kajauhan nempo
sampeyan; Kaula bakal usaha kabur ti batan kudu nyanghareupan sampeyan ! keun
we teu disebut Pendekar ge !”


“Hahahaha ! Mun kitu ieu tinggangan ku Kaula bakal disimpen
heula; ke mun panggih deui  di na hiji
tarung sampeyan ngalawanan Kaula; maka eta tinggangan teh bakal dibikeun deui
ka sampeyan !”


Wah Nyoman Sakarta enyaan sieunna; manehna terus ngomong moal
wani deui; bari terus sababaraha kali nyembah. Tapi sanggeus aya ka na duapuluh
kalina; ku manehna kareret yen Mawar Hideung geus ngiles ti tempat eta. Manehna
hudang; terus bari rumanggieung indit ninggalkeun eta RM.


“Duuh ampir we,” cek si Uda di na hatena. Wah bahaya pisan.
Jeung eta aduh enyaan hebat Mawar Hideung enyaan lain beja ! Ayeuna aing geus
bisa nyaksian. Wah ambo baruntuang. Ambo caliek kasaktian nan santiang si Mawar
Hideng; ambo nak bakecek baiko di kampuang nun jauah dimato; nak bakecek
masalah Mawar Hideng !

( Da urang padang mah teu bisaeun nyebut EU )

 Hanca


Kirim email ke