wah enjing kneh tos disuguhan cersil bah AA hehehe...matak sumanget, langsung teu tunduh deui heheh..haturnuhan bah..mangga di antos deui ah...tambih panasaran wae yeuh kana jalan carita saterasna hehhee....
________________________________ From: Abbas Amien <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Friday, February 1, 2013 5:26 AM Subject: [kisunda] Cersil Sunda 363 Nyoman Sakarta kacida kagetna nempo Mawar Hideung ngan sakilat geus ngabalikeun deui eta piring rendang; mani gaampang pisan; teu kaciri susah sama sakali; jauh tina nu diharep Nyoman Sakarta; bari nyarita :” Ti kebo dungu bau mah aing hamo narima; tah top we lebok kainyah !” Nyoman Sakarta bari diuk masang kuda2 terus ngerahkeun tanaga jero; teu disangka barang ditarima karasa leungeunna pegel jeung manehna goyang ampir tijungkel ti na korsina ! Malah nu matak ngawirangkeun pisan mah; eta piring leutik kakara ge ditarima langsung burakrakan; nepi ka belingna marecleng ! Untung euweuh nu keuna ka na kulitna ! Orokaya bajuna mah pinuh ku daging jeung sambara rendang ! Ieu nunjukkeun yen Mawar Hideung memang jauh leuwih unggul ti batan Nyoman Sakarta. Kakara ayeuna Nyoman Sakarta ngarasa yen manehna asor; tapi geus kapalang; manehna ngarawu 5 kepeng duit perak nu jadi senjata andelan manehna; langsung harita keneh dibaledogkeun ka Mawar Hideung; ari manehna sorangan luncat kaluar ! “Hahahahaha ! Rendang ku uing ditolak ! Tapi ari duit mah ditarima !” Kacida kagetna Nyoman Sakarta; nempo Mawar Hideung geus luncat kaluar malah miheulaan manehna; ayeuna keur megat bari nembongkeun duit perak nu lima kepeng; teu nyaho kumaha carana eta Mawar Hideung; geus bisa lolos tina serangan dadakan ku lima kepeng perak; bari masih bisa nyusul jeung megat manehna. Manehna boga rasa sieun oge; tapi manehna kapan kasohor jago ! Mun mundur kitu wae ngaran manehna lain wae ragrag ! Tapi malah mebes pisan ka jero bumi; ku sabab kitu Nyoman Sakarta jadi nekad; manehna nyerang Mawar Hideung ku tanaga 9 bagian ! Manehna yakin waktu ieu mah Bakal nutup wirangna; enya saenyana mah bahaya pisan tanaga gede dikaluarkeun; boh ka lawan, atawa ka dirina, tapi geus kapalang; terus we manehna susumbar :” Mawar Hideung, memang jago. Tapi ayeuna bakal dikirim ka naraka ku Nyoman Sakarta !” Mawar Hideung lain nyingcet atawa mundur malah luncat mapakan eta teunggeulan ! Bari oge nyarita : Ah tong boro Sakarta ! Dua karta ge moal di panglumpatkeun !” Atuh harita keneh dua tapak langsung diadu ! Kumaha akibatna ? Nyoman Sakarta kokoloyongan malah asup deui ka jero RM Minang Maimbau ! Barang nepi barang ohek ! gebrug we Nyoman Sakarta rubuh; ti na sungutna kaluar getih; tanda yen manehna geus tatu parna dijero. Nya Nyoman Sakarta diuk nenangkeun diri; terus diuk semedi ngatur jalan nafas. Manehna inget ka Ki Gofar; emh kieu meureun nasib manehna harita waktu digebug ku aing ? Kitu pikiran N yoman Sakarta. Ayeuna manehna lain wae teu wani deui; malah manehna enyaan ngarasa sieun ku Mawar Hideung; manehna ngarasa manehna nguntup teuing; padahal nyata pisan Mawar Hideung jauh saluhureun manehna. Tadina mah hayang sohor sorangan; teu kudu bebeja ka Made Galiga, atawa I Gde Butuh; tapi ayeuna karasa ku manehna; ieu Mawar Hideung najan dikoroyok ku tiluan ; can puguh maranehna bisa meunang. Keur kitu Mawar Hideung lalaunan nyampeurkeun terus nyarita pinuh ku komara :”Hahaha, Kaula muji ka na kawani sampeyan; Nyoman Sakarta ! Masih hayang keneh nyekel gelar Pendekar !? Ku Kula bakal diturut tinggal sakali ninggang deui !” Kaget Nyoman Sakarta; masing geus leuleus ge manehna nguatkeun diri hudang terus nyembah ka Mawar Hideung :” Duuuh ampuun Mawar Hideung ! Kula moal wani2 deui ka sampeyan; mun Kula ti kajauhan nempo sampeyan; Kaula bakal usaha kabur ti batan kudu nyanghareupan sampeyan ! keun we teu disebut Pendekar ge !” “Hahahaha ! Mun kitu ieu tinggangan ku Kaula bakal disimpen heula; ke mun panggih deui di na hiji tarung sampeyan ngalawanan Kaula; maka eta tinggangan teh bakal dibikeun deui ka sampeyan !” Wah Nyoman Sakarta enyaan sieunna; manehna terus ngomong moal wani deui; bari terus sababaraha kali nyembah. Tapi sanggeus aya ka na duapuluh kalina; ku manehna kareret yen Mawar Hideung geus ngiles ti tempat eta. Manehna hudang; terus bari rumanggieung indit ninggalkeun eta RM. “Duuh ampir we,” cek si Uda di na hatena. Wah bahaya pisan. Jeung eta aduh enyaan hebat Mawar Hideung enyaan lain beja ! Ayeuna aing geus bisa nyaksian. Wah ambo baruntuang. Ambo caliek kasaktian nan santiang si Mawar Hideng; ambo nak bakecek baiko di kampuang nun jauah dimato; nak bakecek masalah Mawar Hideng ! ( Da urang padang mah teu bisaeun nyebut EU ) Hanca
