Ku Eta Kusir teu diantep; eta nu kaparaehan teh dicangkalak; terus we dinaekeun ka na kuda para pangawal. Persis nu kapaehan ge aya limaan.
Terus we nu limaan kebat dibawa ka Sukabumi; dilaporkeun ka Demang di dinya, supaya diproses. Eta nu limaan nu nasibna keur sial terus we dibawa Ka Bandung; diasupkeun ka sel Kumpeni; di dinya diinterogasi; nepi ka betus di mana gorombolan nu sejenna. Sanggeus kitu nya manggil Ki Kusir nu nyatana Ki Rangga ! bakal jadi saksi pikeun pangadilan eta nu limaan anggota Kidang Kancana. Ki Rangga … waktu manehna dikoroyok ku puluhan Gorombolan Singa Barong masih bisa nahan; tapi ku sabab nu ngepung lobaan; manehna rada kadesek; nu akhirna imahna diduruk; karetana ge direbut; manehna nyoba ngudag tapi teu bisa kukumaha da gorombolan Singa Barong nu nyerang ka manehna teh jarago oge; masing teu kawas Nyoman Sakarta jeung urang Bali nu sejenna; tapi kaciri kakuatan maranehna lumayan; atuh akhirna mah Ki Rangga ripuh nepi ka loba tatu di na badanna nepi ka kapaehan; geus kitu ditinggalkeun we engke ge modar; kitu maranehna mikir. Tapi memang can waktuna mati; katempat ki Rangga kapaehan, aya jelema jangkung gede ngadeukeutan; kaciri ramona raranggoas kaleker; terus manehna ngarames batu cadas dijalanan; eta batu cadas teh harita keneh bubuk; terus ku manehna dicampurkeun jeung sigana obat bubuk terus we dibalurkeun ka saluar awak Ki Rangga; Ki Rangga langsung sadar jeung gigisik; karasa badanna asa ngemplong; urut tatu memang masih karasa pareurih; tapi tinggal saeutik deui. Eta jelema jangkung gede teh seuri ngagakgak mani ngeunah pisan; nepi ka Ki Rangga heran; sanggeus Ki Rangga nganuhunkeun nya nanya saha2na eta jelema nu nulungan manehna teh. Eta jelema seuri deui mani ngagakgak :”Hahahaha ! Aing atoh pisan, yen sia ayeuna geus waras deui ! Uing teh geus sakieu kakolotan can wae boga murid ! Sigana ieu geus jodo ! Geus takdir sampeyan dijadikeun Murid ku aing ! Aing Ngaran Ki Gimbal ! Nu boga Elmu Cakar Rajawali ! Ngan Kula nu bisa eta elmu ! Tapi meureun uing teh bakal paeh; padahal ieu elmu can aya nu ngawaris; ku sabab kitu ayeuna Kaula bakal ngangkat sia jadi murid aing. Sok geura nyembah !” Hanca
