Eta omongan si kusir teh kadenge pisan ku Ki Joyo Sembodo; atuh panonna mani molotot; ambekan ngahegak, ku ambek2na; terus we morongos mani tarik :”Eh sia turun ! kusir lebokeun tetelo ! Geus teu nyaah ka na nyawa siah !?”
Eta kusir seuri mani nyakakak :” Maneh dagelan ti mana ? Atawa tukang reog ti mana hah !?” Ki Joyo Sembodo teu tahan deui terus we luncat maksudna rek nonjok dada eta kusir kareta; tapi eta kusir barang nempo ki Joyo Sembodo luncat ka luhur kareta; manehna oge luncat marengan bari muka leungeunna nu langsung ngarames peureup Ki Joyo Sembodo ! Aduuuh …. Koloyong we Ki Joyo Sembodo ngoloyong bari nyekelan peureupna nu langsung harita keneh kaciri rada bareuh. Manehna kaget pisan; jeung apal yen eta kusir teh nyata bisa elmu cakar Rajawali; terus we Joyo Sembodo nyorowok :”Serbu ! Hayoh koroyok !” Pangawal2 kareta ti tukangeun terus maraju sasenjata senjatana; atuh rame nu tarung. Balad Kidang Kancana memang lobaan terus ngepung nu limaan; tapi kaciri nu limaan teu mundur malah maju bari enya wani pisan. Keur kitu heat2 sieeet sieet ceprot ! ceprot ! pecut ngababuk ka anak buah Kidang Kancana, Enya ge pecut; na cekelan Ki Kusir mah jadi senjata ampuh; tiap nu kababuk tangtu langsung ngajungkel; malah aya nu terus kapaehan ! Ki jumsa jeung Ki Seta gancang ngahalangan tapi ceprot2 ! malah duanana kapecut; karasa peureus jeung nyeri nepi ka karasa ka na tulang; Ki Gonda jeung Ki Uca nu nyoba rek ngabantuan ngan sakilat geus ting bangkieung ! Atuh kacida kagetna Ki Joyo Sembodo; langsung we nyorowok :”Mundur ! Mundur !” Atuh eta kambrat2 Kidang Kencana teh barirat harita keneh; tapi bari ninggalkeun nu kaparaehan. Hanca
