Tilu poe ti harita aya kapalingan deui; ayeuna mah kademangan Priambudi; atuh Demang Priambudi isukna ngawakwak nyarekanan anak buahna.
Kademangan Rangga ge meunang giliran; ieu ge bentrok antara Maling jeung para prajurit bawahan Demang Rangga; malingna can hasil lantaran kaburu kaperegok rek maling; der we tarung antara eta Maling ngalawan 10 prajurit ronda. Nu sapuluh prajurit teu wani gagabah, maraneh ngan ukur ngepung we ti kajauhan; barang eta maling rek neangan jalan pikeun lolos ti dinya; hiji prajurit susuit; nu disusul ku suitan2 nu sejenna; terus kohkol rame ditarakol; eta si bapa maling kaciri kaget; tapi sanggeus nyerang mani gesit, aya jalan lolos ka dinya manehna rek kabur. Tapi barang rek luncat ngejat hareupeun manehna geus ngajega hiji sosok nu ngabentak :”Eh maling ! ayeuna panggih jeung kula, Demang Rangga. Ati2 sampeyan !” Tina gerak jeung sorana, komo ngaku Demang; ieu si bapa maling mikir, yen ieu jelema teu bisa disaruakeun jeung prajurit sejenna; tapi eta maling nu boga kayakinan yen manehna tetep unggul sigana teu loba catur terus we nyodorkeun tapakna nu dieusi lambaran tanaga jero; nu paling saeutik dieusi ku 6 bagian tanaga; manehna yakin eta Ki demang Rangga bakal minggir ku eta serangan tanaga jero ti manehnaa; ku sabab kitu manehna bari nyerang bari luncat kahareup maksudna atawa ijiran manehna, eta Demang Rangga nyingcet manehna mubus ka na lolongkrang nu ditinggalkeun ku Demaang Rangga. Tapi Ki Demang Rangga lain nyingcet malah maju ngalayanan ku tapak deui bari saterusna nyerang ku jurus Cakar Rajawali ka na tak tak eta si maling. Barang plak ! dua tapak diadu ! duanana ngaluarkeun sora kaget; lantaran duanaana teu nyangka bakal panggih tanding di dinya. Ki Rangga ngarasa yakin bisa nangkep jeung ngalumpuhkeun ieu maling; sedeng si Maling oge nyangka Ki Rangga pasti ngajengkang sabab wawanianan ngalawan tanaga jero manehna. Tapi akhirna duana luncat mundur; cakar Rajawali Ki Rangga teu keuna; tapi kaciri dua lawan teh ting soloyong; Ki Demang Rangga langsung nangtung ajeg nenangkeun nafas jeung tanagana; ari eta Bapa Maling kokoloyonganana diteruskeun ku luncat jauh pisan; akhirna bisa oge lolos. I Gde Butuh, nu memang manehna pisan bapa malingna, kakara ayeuna ngarasa panggih jeung lawan anu bisa ngimbangan tanagana, masing memang can ngaluarkeun tanaga nu gede pisan; tapi ku sakitu manehna geus bisa ngukur, yen Ki Demang teu bisa dianggap enteng. Padahal minangkana mah manehna pangjagona; manehna ngan ukur eleh ku Pamimpin, Nya eta Ni Luh Santi; ari jeung Made Galiga Nyoman Sakarta rada saluhureun meueusan. Manehna ge ngarasa tanaga jerona rada kaganggu; nepi ka saungna manehna ohek2an utah; terus we asup ka kamerna semedi. Kumaha ari Ki Rangga ? manehna ngarasa reuwas oge , ku teu nyangka eta bapa maling sakitu jagona; tanaga jerona teu sahandapeun manehna; lamun kudu tarung patutunggalan tea mah, can puguh manehna bisa unggul. Ku sabab kitu manehna teu marentah prajuritna terus ngudag; sabab gede pisan bahayana; bisa2 bakal loba anak buahna nu jadi korban. Ku sabab kitu I Gde Butuh bisa lolos. Waktu tadi tarung, kuduna I Gde Butuh saperti Ki Demang Rangga nangtung ajeg, terus nenangkeun napas; tapi mun kitu dilakukeun; manehna tangtu kacangkalak, mangkaning kaciri eta para prajurit nu ngepung teh tarangginas leuwih ti prajurit2 sejen nu geus disanghareupan ku manehna. Nya ti semet harita I Gde Butuh teu wani deui ngaganggu Madiun, lantaran nyaho beurat nyanghareupanana; terus we I Gde Butuh balik ka Markasna rek laporan. Ari di Madiun Ki Rangga jeung para prajuritna meunang pujian deui ti Adipati Mertalaya. Lantaraan ti semet harita Madiun aman ti na gangguan pengacow. Hanca Episode 88 – Mawar Hideung ngajorag Markas Singa Barong
