haliwu = meureun hartina teh pasea; debat kusir tea meureun
giruk = lieur; puyeng ; pusing

mun di Priangan giruk teh hartina goreng hate; sirik pidik; aya pikir kadua 
leutik;
ada udang dibalik batu tea

Cing aya nu bisa ngadadaarkeun soal2 saperti kitu ?

Naon sababna di Pandeglang HALIWU ari di Priangan pasalia paham ? atawa pasea ?

Naon sababna di Pandeglang lieur/pusing teh jadi GIRUK ?
Naon sababna di priangan Giruk teh Gindi Pikir belang bayah ?

palanga polongo = olehok bari teu ngarti; di pandeglang polongo = tolol.
polongo wungkuul mah euweuh di Priangan mah.
ngan lamun polongo = boloho; nya rada deukeut lah atawa saharti.

Di priangan kecap polongo, teu bisa mandiri; kudu dibantu ku kecap palanga !
Sigana mah urang Pandeglang ngadenge urang priangan nyarita :"Palanga polongo 
siah ! Cik mikir atuh lain ngan ukur olhok wae !
Tah eta dedengean teh kahartina ku urang Pandeglang polongo na wungkul; 
palangana teu kadenge; terus we dihartikeun yen POLONGO teh hartina BODO.
Naon sababna urang Pandeglang nu ngadenge urang Bandung nyarita ?
Lantaran paan di Bandung mah euweuh kecap polongo teh !  Aya ge MOLONGO.
Jadi lamun ti Pandeglang ka Bandung; meureun kudu mandiri tah si polongo teh ?
Ku sabab kitu leuwih pantes ti Bandung dicokot ku urang Pandeglang; bari 
dihartikeun BODO. Kitu sigana riwayatna.

Urang Bandung keur nyaarita; sigana rada pahereng hereng :"Eh, cing atuh maneh 
teh pipikiran teh sing bener; lamun kitu maneh teh sarua jeung boga pikiran 
GIRUK tah."
Ceuli uraang Pandeglang ngadedenge ... GIRUK ? naon nya GIRUK teh ? Meureun 
Pusing atawa LIEUR meureun. Tah nya mun puyeng ngadenge omongan hiji jelema; di 
Pandeglang mah langsung we nyebut istilah GIRUK !
Salahna nya eta DEDENGE, bari teu nanyakeun naon harti sabenerna.
Mun cek istilah BETAWI mah asal GOBLEG tea !


Tah kumaha Ki Hasan , ieu pikiran uing kitu... 

Kirim email ke