Salah sahiji jurusna, neangan harti kecap, nya noong kumaha larapna dina
kalimah. Bisa dirarampa kumaha konteksna.

haliwu = gandeng, ribut
giruk = ngewa, sebel ka jelema (lain sirik)
polongo = belegug, boloho

Perkara timana asalna hiji kecap, saha nu bogana ti heula, saha nu nurutan,
saha nu diturutan, jigana lain perkara enteng nu bisa dilelebah kitu wae.
Mun tea rek ngalelebah tangtu kudu boga cecekelan keur argumentasina. Boa
bisa ditoong tina sisi sajarah, kawasan mana nu leuwih ti heula aya
padumukna. Mun noong nu katulis, kamus basa Sunda pangheubeulna nu geus
kapanggih teh, kamus "Sunda - Inggris" nu ditulis ku Jonathan Riggs, taun
1862. Ieu kamus teh beunang ngumpulkeun ti daerah Jasinga, Bogor, Banten
jeung sabudereunana.  .

2013/2/15 Abbas Amien <[email protected]>

> **
>
>
> haliwu = meureun hartina teh pasea; debat kusir tea meureun
> giruk = lieur; puyeng ; pusing
>
> mun di Priangan giruk teh hartina goreng hate; sirik pidik; aya pikir
> kadua leutik;
> ada udang dibalik batu tea
>
> Cing aya nu bisa ngadadaarkeun soal2 saperti kitu ?
>
> Naon sababna di Pandeglang HALIWU ari di Priangan pasalia paham ? atawa
> pasea ?
>
> Naon sababna di Pandeglang lieur/pusing teh jadi GIRUK ?
> Naon sababna di priangan Giruk teh Gindi Pikir belang bayah ?
>
> palanga polongo = olehok bari teu ngarti; di pandeglang polongo = tolol.
> polongo wungkuul mah euweuh di Priangan mah.
> ngan lamun polongo = boloho; nya rada deukeut lah atawa saharti.
>
> Di priangan kecap polongo, teu bisa mandiri; kudu dibantu ku kecap palanga
> !
> Sigana mah urang Pandeglang ngadenge urang priangan nyarita :"Palanga
> polongo siah ! Cik mikir atuh lain ngan ukur olhok wae !
> Tah eta dedengean teh kahartina ku urang Pandeglang polongo na wungkul;
> palangana teu kadenge; terus we dihartikeun yen POLONGO teh hartina BODO.
> Naon sababna urang Pandeglang nu ngadenge urang Bandung nyarita ?
> Lantaran paan di Bandung mah euweuh kecap polongo teh !  Aya ge MOLONGO.
> Jadi lamun ti Pandeglang ka Bandung; meureun kudu mandiri tah si polongo
> teh ?
> Ku sabab kitu leuwih pantes ti Bandung dicokot ku urang Pandeglang; bari
> dihartikeun BODO. Kitu sigana riwayatna.
>
> Urang Bandung keur nyaarita; sigana rada pahereng hereng :"Eh, cing atuh
> maneh teh pipikiran teh sing bener; lamun kitu maneh teh sarua jeung boga
> pikiran GIRUK tah."
> Ceuli uraang Pandeglang ngadedenge ... GIRUK ? naon nya GIRUK teh ?
> Meureun Pusing atawa LIEUR meureun. Tah nya mun puyeng ngadenge omongan
> hiji jelema; di Pandeglang mah langsung we nyebut istilah GIRUK !
> Salahna nya eta DEDENGE, bari teu nanyakeun naon harti sabenerna.
> Mun cek istilah BETAWI mah asal GOBLEG tea !
>
>
> Tah kumaha Ki Hasan , ieu pikiran uing kitu...
>

Kirim email ke