Cacahan Bantenan - Basisir Carita Ku Mugiassa Bagja Fiddunyawalakhiroh
Dina hiji poé ... “Geus kebel kami teu babacakan. Kelar jasa doangna mah rok,” mang Sarna muka cacahan isuk harita. “Akur, bah” méh rabeng anakna mang Sarna ngajawab. “Ka gunung Haseupan, yu!” bi Satirah méré bongbolongan. “Bosen, ma!” ceuk anak cawénéna. “Ka basisir baé, nyah!?” mang Sarna méré kaputusan. Sadatangna ka basisir Carita, kaluwarga mang Sarna ipruh kadieu kaditu, komo anakna mah sagala ditanyakeun, ngadongdolék ka indung bapana. “Bah, itu naeun. Itu saha?” cénah ontoronyoh teu eureun-eureun. “I am sorry, sir. Kula neunggar pa bulé” ceuk mang Sarna mamandapan ménta maap ka salah saurang turis Éropah. “Oh, I’m sorry, TOO”. Barang kadéngé ngajawab kitu, mang Sarna endung éléh, ngong ngomong deui, “I’m sorry, THREE” cenah. Atuh madakan si buléna géh mangkin bingung ku jawaban mang Sarna. “Sorry, FOR?” “I am sorry, FIVE” ceuk mang Sarna sakatenggelna. Leng, ngahuleng ngaraga meneng si bule jeung sabatur-batur. Laju pok ngomong ”Are you SICK?” “No sir. I am SEVEN.” Témbal mang Sarna bari narik leungeun éwé jeung anakna ngajak nyingkah ti éta tempat.
