Hahahaha ! enyaan ieu mah cacahan teh hadeuh !

--- On Fri, 15/2/13, Ki Hasan <[email protected]> wrote:

From: Ki Hasan <[email protected]>
Subject: [kisunda] Cacahan Bantenan - Basisir Carita
To: "Ki Sunda" <[email protected]>
Cc: "Baraya Sunda" <[email protected]>, "Urang Sunda" 
<[email protected]>
Received: Friday, 15 February, 2013, 7:16 AM
















 



  


    
      
      
      Cacahan Bantenan - Basisir Carita
Ku Mugiassa Bagja Fiddunyawalakhiroh

Dina hiji poé ... “Geus kebel kami teu babacakan. Kelar jasa doangna mah rok,” 
mang Sarna muka cacahan isuk harita. “Akur, bah” méh rabeng anakna mang Sarna 
ngajawab. “Ka gunung Haseupan, yu!” bi Satirah méré bongbolongan. “Bosen, ma!” 
ceuk anak cawénéna. “Ka basisir baé, nyah!?” mang Sarna méré kaputusan. 

Sadatangna ka basisir Carita, kaluwarga mang Sarna ipruh kadieu kaditu, komo 
anakna mah sagala ditanyakeun, ngadongdolék ka indung bapana. “Bah, itu naeun. 
Itu saha?” cénah ontoronyoh teu eureun-eureun. “I am sorry, sir. Kula neunggar 
pa bulé” ceuk mang Sarna mamandapan ménta maap ka salah saurang turis Éropah. 
“Oh, I’m sorry, TOO”. Barang kadéngé ngajawab kitu, mang Sarna endung éléh, 
ngong ngomong deui, “I’m sorry, THREE” cenah. Atuh madakan si buléna géh 
mangkin bingung ku jawaban mang Sarna. “Sorry, FOR?” “I am sorry, FIVE” ceuk 
mang Sarna sakatenggelna. Leng, ngahuleng ngaraga meneng si bule jeung 
sabatur-batur. Laju pok ngomong ”Are you SICK?” “No sir. I am SEVEN.” Témbal 
mang Sarna bari narik leungeun éwé jeung anakna ngajak nyingkah ti éta tempat.






    
     

    
    






  








Kirim email ke