Episode 89 : Ni Luh Santi ngondang guru2na

   

Sanggeus Mawar Hideung indit; gancang we Ni Luh Santi diuk
semedi ngalempengkeun napas ; ti na embun2anana kaluar embun; tanda yen sanyata
na Ni Luh Santi oge keuna tatu tanaga jerona; tapi sanggeus sawatara waktu Ni
Luh Santi bisa jagjag deui. “Wah ampir we ! enyaan Mawar Hideung teu bisa
dianggap enteng.” Cek Ni Luh Santi.


“Kumaha kira2 kakuatan Pamingpin dibanding manehna ?” cek I
Gde Butuh hayang nyaho .


“Saenyana Kaula ge lain tandingan Mawar Hideung ! Elmu tanaga
jerona masih saluhureun Kula saeutik; ngan wae manehna kaget lantaran manehna
keuna ku Elmu Sakti Kaula ! Elmu Leak Kaula ! nu nyababkeun tanagana aya nu
bocor.  Mun henteu Kaula oge sigana bakal
rubuh ! Nu matak manehna gancang indit !


Keur kitu Made Galiga ge geus normal deui; terus milu
ngumpul; teu kungsi lila Nyoman Sakarta oge mucunghul.


“Wah ! batur mah cape2 ieu kakara nongol, naha kasarean ?”
Made Galiga ngahaja ngaweweleh Nyoman Sakarta.


“Wah ! Ku sabab kalakuan hiji jelema puluhan anak buah jadi
korban ! Untung Made Galiga gagah pisan 
! Bisa ngusir Mawar Hideung !”


Omongan Nyoman Sakarta enyaan nyelekit pisan; geus jelas Made
Galiga keok disebut bisa ngusir Mawar Hideung; atuh teu tata pasini deui Made
Galiga nyerang Nyoman Sakarta. Nyoman Sakarta bari nyingcet jeung nakis
langsung ngabales :”Hahahaha ; najan sampean geus bisa ngusir Mawar Hideung;
Kula Nyoman Sakarta teu sieun ! Hahahaha !”


Enyaan dua Jago andelan Singa Barong jadi tarung; gancang wae
I Gde Butuh jeung Ni Luh Santi misah; nya duanana eureun tarungna.


Ni Luh Santi pok nyarita :” Guru Kula aya dua; nu hiji di
kaler nu hiji di Kidul Pulo Bali ! Jung ayeuna sampeyan Nyoman Sakarta jeung 
Made Galiga
undang eta dua Guru Kaula si na kadieu; lantaran Kula teu yakin bisa ngelehkeun
eta Mawar Hideung.”


Nya sanggeus silih perong Nyoman Sakarta jeung Made Galiga
arindit ninggalkeun Gunung Bromo rek nuju ka Bali ngundang dua guru Ni Luh
Santi.


Guru2 Ni Luh Santi ngaranna Sanggabuana jeung Wiloka; duanana
gancangna carita milu we ka Jawa; sanggeus nyiksa heula eta dua utusan Ni Luh
Santi.


Disiksa maksudna didieu diuji heula nepi ka duanana oge
sababaraha kali tinggalusrak ! Tapi boh Nyoman Sakarta, boh Made Galiga teu
pisan protes, lantaran memang geus sering pisan maranehna ngalaman kajadian
kitu, satiap ngadep ka ieu Datuk Persilatan di Bali.
Hanca


Kirim email ke