“Hahahaha ! Mun nu ditanyakeun ku sampeyan Mawar Hideung teh
hiji awewe budak keneh pisan, rupana geulis, nu dibantuan ku hiji Pamuda TOLOL
! Yeuh maranehna duananaa geus dikirim ka Nirwana Ku Kula Made Galiga !
Maranehna digebruskeun ka jurang ku Kaula !”


Made Galiga ngahaja susumbar kitu, mancing supaya ieu Mawar
Hideung emosi; mun geus kitu tangtu gampang dielehkeunana.


Tapi eta itungan teh bener upama Mawar Hideungna samemeh
digembleng ku Ki Nurustunjung ! Ayeuna mah beda deui ! Enya bener Mawar Hideung
amarah pisan nu terus nyerang ka Made Galiga; terus Made Galiga nyiapkeun diri
nakis eta serangan bari rek males sakalian !


Tapi manehna teu ngitung; atawa salah ngitung, karek ge paantel
eta dua tapak ; teu sempet males deui lantaran tanaga Mawar Hideung kacida
gedena; boro2 bisa males, manehna ampir we cilaka; langsung we luncat katukang;
terus salto sababaraha kali ! Made Galiga ngagebruk rubuh; gancang hudang
ngalempengkeun napas; ti na sungutna kaluar getih; manehna reuwas pisan, tapi
terus we diuk konsentrasi.


Barang Mawar Hideung luncat deui rek namatkeun riwayat Made
Galiga ti hareupeun aya nu ngolebat, terus nakis paneunggeul Mawar Hideung.


Eta nu ngolebat teh kaciri kakesitanana teu sahandapeun Mawar
Hideung; manehna enyaan jago; barang dua tapak diadu; duanana ngaluarkeun sora
ti na kaget jeung heran !


Eta nu nakis tonjokan Mawar Hideung, taya lian ti Ni Luh
Santi; manehna ngaluarkeun sora heran, lantaran sakitu umurna masih ngora nyata
tanaga jerona luhur pisan; nepi ka manehna mundur dua lengkah; ampir2an.
Sedengkeun Mawar Hideung kaget; lantaran waktu tadi diadu; manehna ngarasa aya
tanaga nyedot ti tapak lawanna nepi ka sabagean tanaga jerona rada kakuras
kapiceun !


Di na sajongjongan mah duanana ngaheneng silih perong. Keur
kitu datang I Gde Butuh kadinya. 


Barang Mawar Hideung rek maju deui; Ni Luh Santi ngangkat
leungeunna, pok nyarita :” Mawar Hideung ! Kaula sabenernya jeung sampeyan,
kawas cai jeung minyak; masing2 boga jalan sorangan2. Kaula sabenerna embung
ngamusuh jeung sampeyaan; tapi anak buah Kula geus ngalakukeun codeka
kasampeyan; nu hamo bisa diubaran ku sakadar menta maaf; tapi memang kalakuan
anak buah Kaula tanggung jawab Kaula oge; Kaula bakal nanggung ieu kasalahan
anak buah Kaula Made Galiga ! Tapi sampeyan ge geus males ayeuna ka Made
Galiga; malahan puluhan anak buah Kaula binasa ku sampeyan ! Ieu ngajadikeun
urang mumusuhan.” Ni Luh Santi eureun heula sakeudeung.


“Tah ayeuna ! urang geus patukeur tinggangan ! Sampeyan geus
nunjukkeun, yen sampeyan memang pantes jadi jagona ieu Pulo Jawa ! Boh Kula boh
sampeyan, ayeuna geus aya tatu di jero; pek we ayeuna mah sampeyaan balik
heula; latih diri sampeyan ke 5 purnama deui urang tepung di na tarung
patutunggalan nu nangtukeun; saha nu leuwih unggul antara urang duaan ! Kula
moal mamawa deui anak buah Kaula ! keun we maranehna si na lalajo !”


“Hahahaha ! Saenyana mah masing ditukeun ku sarebu anak buah
sampeyan; nyawa Nyi Ipah tetep teu kabayar ! Lamun can ngabasmi sakabeh
kumpulan Singa Barong, Kaula moal puas ! Tapi ku sabab omongan sampeyan memang
asup akal; heug tantangan sanpeyan ku Kaula ditarima ! Lima Purnama deui Kaula
bakal balik deui !” 

Sanggeus kitu mah, teu loba catur Mawar Hideung ninggalkeun
eta tempat.

 

Episode 89 : Ni Luh Santi ngondang guru2na

   
Hanca


Kirim email ke