Cacahan Bantenan - Senam Koplo
Ku Abdurrosyid Siddiq

Rutin, jumah isuk olahraga. Leumpang suku ngurilingan lembur. Paranggih
jeung baraya-tatangga. Aya nu cangogo nangguan surabi asak, aya nu nangtung
bari ngadagoan huduk rengse dibungkus, aya nu geus mandi bari jeung
sareungit, aya anu masih keneh dahdiran, aya anu siduru, aya anu masih
sasamping keneh. Nu loba mah anu make baju merecet ngarumpul di lapangan
lembur. Gasik leumpanga.
"Cinta satu malam oh indahnya. Cinta satu malam buat ku melayang...",
kadenge sawara koplo tina salon sember. Horeng Suanah keur jadi instruktur
senam. Diburina loba ibu-ibu ngora jeung abg. Jarendil. Kabeh marecet. Tapi
resep neuleuna. Rada handap jaitan jamangna. Munjukul dua jiga surabi. Komo
mun neuleu burina. Katempo jaitan tungtung cangcutna. Ngan melengek. Sakieu
centrangna, kunaon buukna barareueus nyah..?

Kirim email ke