Jadi emut ka na sababarahaa paribasa / babasan: model leutik burih --> model hamperu/empedu nu pait tea burih teh. jauh ka peujit ---> mun tatu mah, ukur kagores saaeutik jauh ka bedug ---> mun ayeuna mah KUPER tea nya ? goreng hate = giruk ( lain giruk pandeglang ); lain ati hayam nu digoreng Sok naon deui ?
--- On Tue, 19/2/13, Deni Indra Kelana <[email protected]> wrote: From: Deni Indra Kelana <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Cacahan Bantenan - Senam Koplo To: "[email protected]" <[email protected]> Received: Tuesday, 19 February, 2013, 11:36 AM Ari burih di priangan mah sami sareng lambung bah, biasana dilarapkeun ka sabangsaning hayam atanapi manuk. Emut pami meuncit hayam anu paling tangel teh meresihan burihna, biasana pinuh ku sisikian sareng kadang keusik, bari kedah misahkeun kulit lapisan jero kadutna.... Heuheu..., From: Abbas Amien <[email protected]> To: [email protected] Cc: kisunda <[email protected]> Sent: Tuesday, 19 February 2013 8:19 AM Subject: [kisunda] Re: [Urang Sunda] Cacahan Bantenan - Senam Koplo Aya gaya Serang nu ampir sarua jeung priangan. Aya gaya Pandeglang, Menes; Rangkasbitung; kanekes jrrd. Leubeut oge basa wewengkon teh geuning. buri = bujur tapi ari burih mah lain deui. leutik burih = euweuh kawani. --- On Sun, 17/2/13, Ki Hasan <[email protected]> wrote: From: Ki Hasan <[email protected]> Subject: [Urang Sunda] Cacahan Bantenan - Senam Koplo To: "Ki Sunda" <[email protected]> Cc: "Baraya Sunda" <[email protected]>, "Urang Sunda" <[email protected]> Received: Sunday, 17 February, 2013, 7:11 AM Cacahan Bantenan - Senam Koplo Ku Abdurrosyid Siddiq Rutin, jumah isuk olahraga. Leumpang suku ngurilingan lembur. Paranggih jeung baraya-tatangga. Aya nu cangogo nangguan surabi asak, aya nu nangtung bari ngadagoan huduk rengse dibungkus, aya nu geus mandi bari jeung sareungit, aya anu masih keneh dahdiran, aya anu siduru, aya anu masih sasamping keneh. Nu loba mah anu make baju merecet ngarumpul di lapangan lembur. Gasik leumpanga. "Cinta satu malam oh indahnya. Cinta satu malam buat ku melayang...", kadenge sawara koplo tina salon sember. Horeng Suanah keur jadi instruktur senam. Diburina loba ibu-ibu ngora jeung abg. Jarendil. Kabeh marecet. Tapi resep neuleuna. Rada handap jaitan jamangna. Munjukul dua jiga surabi. Komo mun neuleu burina. Katempo jaitan tungtung cangcutna. Ngan melengek. Sakieu centrangna, kunaon buukna barareueus nyah..?
