bah aa hapunten tos lami tara komen, email sim kuring aya masalah. masalahna 
nyaeta teu bisa ngareply email duka kunaon. maklum ngaggo proxy kantor..:). 
ayeuna tiasa oge pedah we nganggo modem. ari cersilna mah diantosan unggal 
dinten ge bah...eta guruna ni luh santi teh salaki pamajikan bah? geus rada 
kateguh yeuh kumaha picaritaeunna...:) mangga diantos deui cersilna bah. 
ngadepong deui ah..:)


________________________________
 Dari: Abbas Amien <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]> 
Dikirim: Senin, 18 Februari 2013 5:32
Judul: [kisunda] Cersil Sunda 385
 

  
Sanggeus aya dua mingguna maranehna kakara tepi ka Markas
Singa Barong; tangtu we kadatangan Ki Sanggabuana jeung Wiloka ditarima ku
kabungah nu taya wates wangenna. Sanggabuana teh salakina Wiloka; tapi duanana
marisah; nu hiji di kaler; nu hiji di Kidul. Lantaran supaya bisa tentrem di na
ngalatih elmuna.      

Ieu dua guru mentog ka Ni Luh Santi :” Eh Santi ! Naon sabab
maneh geus ngaganggu patapan Kaula ! Semedi Kaula !? Naha maneh manggih lawan
nu sakti ? Piraku maneh masih ngarasa kakurangan ku Elmu ti Kaula Duaan ? Saha
atuh nu jadi Musuh sampeyan teh nepi kudu Kaula datang jauh2 ti Bali ?” Loba
pisan eta caritaan dua guru mentog ka Ni Luh Santi; nu ngan ukur dijawab ku
unggut jeung sadu2 menta dihampura.

“Santi !” Sanggabuana neruskeun, “Samemeh sampeyan tarung
deui jeung Mawar Hideung, nu cek maneh jago ; cing silidik heula leuwih taliti,
saha sajatina eta Mawar Hideung ? Saha luluhurna. Nu Leuwih penting saha guruna
! Eta penting pisan , supaya Kaula bisa mere nasehat ka maneh kalawan tepat;
henteu asal2an. Sok ti ayeuna silidik; ulah nitah cacing cau; titah we Made
Galiga jeung Nyoman Sakarta; enya ge barodo, maranehna masih lumayan. 


Nya atuh
Nyoman Sakarta jeung Made Galiga arindit deui usaha; ayeuna mah leuwih beurat
deui tugasna, nyaeta nyilidik asal usul Mawar Hideung.

Malah ampir2an maranehna cilaka.

Na sakali mangsa Made Galiga panggih jeung murid Mbah Lanang
tiluan; murid Mbah Lanang nu hiji asa apal yen eta urang Bali teh nu mingpin
pasukan Singa Barong; masing teu milu ngaduruk jeung nyiksa oge; tapi manehna
nyaho lantaran kungsi nuturkeun hiji gundal Singa Barong, nu laporan ka hiji
tempat nginep; nya laporanana ka jelema ieu pisan ( Made Galiga ); atuh eta
murid Mbah Lanang teh tangtu we ngahalangan lalampahan Made Galiga, lantaran
ngarasa geus “ngahiji” jeung Mawar Hideung; manehna ngajak nu duaan nyusahkeun
Made Galiga; atuh rame tararung; untung Made Galiga masih bisa ngelehkeun eta
nu tiluan; tapi teu wani gana2 nyilakakeun, lantaran ayeuna kahiji manehna keur
ngajalankeun tugas nu beurat, atuh kaduana   embung nyieun deui masalah ka
kumpulan sejenna; da jeung Mawar Hideung ge pan can tuntas.   
 
Ari Nyoman Sakarta; teu nyaho kumaha ngareret aya wujud awewe
baju Hideung; atuh ku sieun sieunna geus teu nempo deui, becir kabur mani bari
jiga nu notog2keun maneh ku sieun2na; tapi barang geus lumpat salumpatna; teu
kanyahoan dihareupeunana geus luncat ngahalangan awewe make baju Hideung !
Nyata si Mawar Hideung !

Atuh kapaksa Nyoman Sakarta ngeureunan lumpatna; terus we
ngahormat bari sungkem.

“Eh Nyoman Sakarta rek naon silaing lunta lanto ka ieu daerah
? Rek ngajago deui ?!”

Brut ! teu karasa Nyoman Sakarta hitut ku sieun2na. Nyembah
sababaraha kali pok nyarita :”Duuh ampuun Mawar Hideung; kuring kadieu lain rek
ngajago; tapi Kula meunang pancen.” Cek Nyoman Sakarta ngadaregdeg.

”Pancen naon ! sok sebutkeun ! awas mun ditutupan !” Ceuk
Mawar Hideung geueuman pisan.

“Kula meunang pancen, kudu nyilidik sampeyan !” Jawab Nyoman
Sakarta rada arap ap eureup eup.

“Naon !? Nyilidik aing !? Sampeyan wani nyilidik kami hah !”

Hanca
  
 

Kirim email ke