Sanggeus aya dua mingguna maranehna kakara tepi ka Markas Singa Barong; tangtu we kadatangan Ki Sanggabuana jeung Wiloka ditarima ku kabungah nu taya wates wangenna. Sanggabuana teh salakina Wiloka; tapi duanana marisah; nu hiji di kaler; nu hiji di Kidul. Lantaran supaya bisa tentrem di na ngalatih elmuna.
Ieu dua guru mentog ka Ni Luh Santi :” Eh Santi ! Naon sabab maneh geus ngaganggu patapan Kaula ! Semedi Kaula !? Naha maneh manggih lawan nu sakti ? Piraku maneh masih ngarasa kakurangan ku Elmu ti Kaula Duaan ? Saha atuh nu jadi Musuh sampeyan teh nepi kudu Kaula datang jauh2 ti Bali ?” Loba pisan eta caritaan dua guru mentog ka Ni Luh Santi; nu ngan ukur dijawab ku unggut jeung sadu2 menta dihampura. “Santi !” Sanggabuana neruskeun, “Samemeh sampeyan tarung deui jeung Mawar Hideung, nu cek maneh jago ; cing silidik heula leuwih taliti, saha sajatina eta Mawar Hideung ? Saha luluhurna. Nu Leuwih penting saha guruna ! Eta penting pisan , supaya Kaula bisa mere nasehat ka maneh kalawan tepat; henteu asal2an. Sok ti ayeuna silidik; ulah nitah cacing cau; titah we Made Galiga jeung Nyoman Sakarta; enya ge barodo, maranehna masih lumayan. Nya atuh Nyoman Sakarta jeung Made Galiga arindit deui usaha; ayeuna mah leuwih beurat deui tugasna, nyaeta nyilidik asal usul Mawar Hideung. Malah ampir2an maranehna cilaka. Na sakali mangsa Made Galiga panggih jeung murid Mbah Lanang tiluan; murid Mbah Lanang nu hiji asa apal yen eta urang Bali teh nu mingpin pasukan Singa Barong; masing teu milu ngaduruk jeung nyiksa oge; tapi manehna nyaho lantaran kungsi nuturkeun hiji gundal Singa Barong, nu laporan ka hiji tempat nginep; nya laporanana ka jelema ieu pisan ( Made Galiga ); atuh eta murid Mbah Lanang teh tangtu we ngahalangan lalampahan Made Galiga, lantaran ngarasa geus “ngahiji” jeung Mawar Hideung; manehna ngajak nu duaan nyusahkeun Made Galiga; atuh rame tararung; untung Made Galiga masih bisa ngelehkeun eta nu tiluan; tapi teu wani gana2 nyilakakeun, lantaran ayeuna kahiji manehna keur ngajalankeun tugas nu beurat, atuh kaduana embung nyieun deui masalah ka kumpulan sejenna; da jeung Mawar Hideung ge pan can tuntas. Ari Nyoman Sakarta; teu nyaho kumaha ngareret aya wujud awewe baju Hideung; atuh ku sieun sieunna geus teu nempo deui, becir kabur mani bari jiga nu notog2keun maneh ku sieun2na; tapi barang geus lumpat salumpatna; teu kanyahoan dihareupeunana geus luncat ngahalangan awewe make baju Hideung ! Nyata si Mawar Hideung ! Atuh kapaksa Nyoman Sakarta ngeureunan lumpatna; terus we ngahormat bari sungkem. “Eh Nyoman Sakarta rek naon silaing lunta lanto ka ieu daerah ? Rek ngajago deui ?!” Brut ! teu karasa Nyoman Sakarta hitut ku sieun2na. Nyembah sababaraha kali pok nyarita :”Duuh ampuun Mawar Hideung; kuring kadieu lain rek ngajago; tapi Kula meunang pancen.” Cek Nyoman Sakarta ngadaregdeg. ”Pancen naon ! sok sebutkeun ! awas mun ditutupan !” Ceuk Mawar Hideung geueuman pisan. “Kula meunang pancen, kudu nyilidik sampeyan !” Jawab Nyoman Sakarta rada arap ap eureup eup. “Naon !? Nyilidik aing !? Sampeyan wani nyilidik kami hah !” Hanca
