Kajadian tarung dua jagoan teh, langka pisan kajadian; nu
matak euweuh hiji ge nu diundang teu daratang; Ondangan ge diwatesan pisan; teu
sakabeh paguron Silat diundang. Tapi akhirna mah nu daratang ka dinya teh jadi
5 tikel ti nu diondang; lantaran rata2 hayang nyaksian ieu tarung nu langka
pisan. Maranehna nyieun tenda disabudeureun daerah Bromo.Baheula tarung Setan
Alas Kobar lawan Mawar Hideung; malah euweuh hiji ge nu diondang; lantaran eta
mah tarung nu duaan ! Ulah diilueun ku pihak katilu.


Tapi di na waktu ieu ngahaja Sanggabuana ngumumkeun jeung
ngondang, cenah supaya Para pendekar Pulo Jawa sadar; yen lain maranehna
wungkul nu jarago teh; Urang Bali ge loba jagona ! Malah nu penting pisan mah,
Ieu Ki Sanggabuana hayang ngelehkeun Ki Nurustunjung dihareupeun para Pendekar
! Eta utamana mah. 

Ki Sanggabuana ngarasa yakin, bisa ngelehkeun Ki
Nurustunjung. Di na waktu ieu. Maranehna bungangang pisan nyaho yen Mawar
Hideung turunan Ki Nurustunjung; bejana Ki Nurustunjung geus lila nyumput teu
daek nembongan ka Dunya Kapendekaran; tapi ku sabab aya turunanana pasti Ki
Nurustunjung oge bakal turun.

 

Episode ka 90 : Dua Jago kahot ngadu Elmu

 

 


Tapi samemeh Mawar Hideung jeung Ni Luh Santi, ngadu Elmu Ki
Nurustunjung jeung Padmini geus ti heula ngadatangan markas Singa Barong;
lantaran maranehna nyaho yen dua Datuk Pesilat ti Bali; lain tandingan Mawar
Hideung; adu jago kudu dihalangan; samemeh Mawar Hideung manggih karerepet 
jeung kasusah.


Kadatangan Ki Nurustunjung jeung Nyi Padmini, tangtu we
ngagujrudkeun Kumpulan Singa Barong; oge semah2 nu daratang di luar Markas
Singa Barong, lantaran teu kanyahoan datangna; nyaho2 geus aya di tengah2
maranehna; ngan Ki Sanggabuana jeung Wiloka nu apal datangna eta dua tokoh teh.


“Hahahaha ! teu sangka ku Kaula sampeyan bakal datang samemeh
ieu tarung ! Hahahaha ! Ana kitu hayu tarung nu baheula urang teruskeun ayeuna
!” Cek Ki Sanggabuana yakin pisan.


“Hahahaha ! geus teu hayang tarung deui saenyana mah; ngan
wae Kaula rek nyegah sampeyan ngahurup anak Kula Mawar Hideung; jadi kapaksa
Kula ayeuna bakal tarung jeung sampeyan.” Cek Ki Nurustunjung kalem we teu
siga2 nguntup, teu siga sieun.
Hanca


Kirim email ke