Demi para murid2 atawa anggota Singa Barong, kaasup Ni Luh Santi ngahaja malundur ngajarauhan; lantaran nyaho yen ieu nu opatan Datuk2 Pesilat nu laluhur pisan elmuna; moal bisa maranehna pipilueun ari lain geus hayang puput umur mah; aya oge sawareh nu nyarumput. Tapi lolobana mah, hayang lalajo kumaha ieu tarung diantara dua datuk nu paling kasohor di dunya Pesilat.
“Eh Ki Nurustunjung, baheula Kaula duaan eleh ku sampeyan, lantaran elmu Leak Kula kakara tingkat 3 ! Bisi teu nyaho, ayeuna Kaula geus aya ditingkat akhir ! Tingkat 9 ! Ku sabab sampeyan katenjona ku Kaula geus kolot pisan; Kaula moal maksa; jung we balik deui … urang ulah jadi tarung ! Hutang baheula anggap we impas ! Tapi sampeyan kudu ngaku yen sampeyan ngarasa asor ayeuna ! Gampang pan ?!” “Baheula Kaula ngahurup sampeyan, ayeuna mah hiji2; kabeneran sampeyan oge mawa pamajikan sampeyan ! sok we duanana maju ! Kaula oge maju duaan !” Ki Nurustunjung kaciri masih sabar pok nyarita :”Sabenerna mun ngadenge omongan sampeyan, kaciri pisan nguntupna ! Kuduna Kaula sadar, lantaran ngarumasakeun geus sakieu kakolotan … tapi mun kitu Kaula lain Ki Nurustunjung ! Jadi mun can nyobaan abus ka na kubakan NAGA … Kaula moal Puas !” Ngadengo omongan Ki Nurustunjung nu ieu KI Sanggabuana geus teu tahan … teu kaciri kumaha gerakna ieu dua pihak … nyaho2 duana geus tingkolebat mundur ! Duanana kaciri ngarasa reuwas. Tuluy nangtung silih pelong; geus kitu teu loba omong Ki Nurustunjung nungtun Padmini; ngaleos ti dinya … ngan sakilat geus teu katenjo deui. Kumaha ari Sanggabuana ? Barang Ki Nurustunjung ngejat ti dinya manehna harita keneh ngajengjehe, ampir we rubuh; gancang dibantu ku Wiloka. “Kumaha tadi tarung teh hah !?” Wiloka nanya salakina. Sanggabuana teu ngajawab, ngan terus we peureum bari nyalurkeun tanaga. Sanggeus rada lila; kakara Sanggabuana beunta; pok nyarita lalaunan, sigana masih ngararasakeun tanaga jero Ki Nurustunjung jeung jurusna nu luar biasa. “Wah … teu disangka … manehna ge terus ningkatkeun elmuna ! nyata elmu nu ayeuna dicekel ku manehna teu sahandapeun urang duaan ! Ngan manehna kaciri kaget, lantaran tanaga jerona jadi bocor ! Hahahaha ! Sigana di na waktu deukeut ieu hamo wani ngajorag ka dieu deui. Kumaha ari Ki Nurustunjung ? barang tadi diadu jurus jeung kakesitan sarta tanaga jero aya ka na opat puluh jurusna , bari teu aya nu bisa nempo gerakan2 maranehna ; da kacida kilatna. Manehna apal yen masing ayeuna Ki Sanggabuana geus bisa nyekel tingkat 9 elmu tanaga Leak; tetep masih sahandapeun manehna; manehna geus bisa nyerang di tilu tempat ka Ki Sanggabuana; tapi aya hiji tinggangan nu katakis, dimana di na takisan eta karasa tanagana asa bocor ! Manehna rada reuwas; nyaho yen eta elmu nyeleweng ti na ngagunakeun Elmu leak ! Masing enya ge manehna saluhureun Sanggabuana; tapi ku cara kitu manehna ge bakal rugi gede; nu matak gancang we mawa Padmini ngiles ti dinya; Ki Sanggabuana teu wanieun ngudag kulantaran rumasa masih eleh. Nya Ki Nurustunjung ge gancang ka tempat sepi nyalurkeun tanaga; bari mikir kumaha carana nyanghareupan elmu “SESAT” model kitu !? Hanca
