Ni Luh Santi nu oge datang muru ka Ki Sanggabuana, hayang nyaho kumaha hasilna eta tarung ?
“Wah … hese ana kitu mah … can tangtu urang sarerea bisa ngelehkeun Ki Nurustunjung; sampeyan ngalawan Mawar Hideung, mun kitu bakal hese. Tapi sigana Mawar Hideung ge can boga elmu kawas Ki Nurustunjung; ngan urang boga Wiloka; dimana cek pamikir Kaula masih saluhureun pamajikan Ki Nurustunjung ! Tah mungkin urang bakal meunang ku jalan tarung ribut; Kaula bakal nahan Ki Nurustunjung ! Wiloka ngagencet Padmini; engke Mawar Hideung digempur ku sampeyan opatan ! Ngadenge kitu Nyoman Sakarta mani sepa; sabab keur manehna mah, keukeuh nyanghareupan Mawar Hideung teh sieun pisan; tapi manehna teu bisa kukumaha, ngan ukur cicing we bari mikiran kumaha bisa lolos ti dinya. Keur kitu mucunghul hiji PAMUDA nu romanna gagah tur kaciri boga kayakinan nu mantep keur nuju ka eta markas Singa Barong; diparegat ku belasan anak buah; tapi eta sakabeh anak buah ngan sakeudeung geus ting jarungkel; bari teu katenjo kumaha atawa dikumahakeun maranehna teh ? Atuh gancang Nyoman Sakarta jeung Made Galiga ngahalangan bari nanya :” Eh Budak Ngora ! saha maneh jeung ti mana ? Naha jol2 ngaganggu ka ieu Kumpulan Singa Barong !?” “Kaula Jalma ! hayang panggih jeung pamimpin ieu kumpulan !” Memang eta Pamuda teh teu salah deui JALMA … kumaha Jalma ayeuna ujug2 datang ka dinya ? Sanggeusna beres soal surat panggilan ti landrat, terus we Jalma teu ngengkekeun deui, datang ka Wanayasa; saterusna panggih jeung shohib2 nu geus lila tara panggih. Nu kacida heranna tangtu we Ki Bejo ! Manehna nepi ka ngucek2 panon, ku sabab asa teu yakin yen nu disanghareupan teh Jalma sobatna. Ahirna manehna ngagukguk ceurik ! Enya ceurik anu balilihan tea; lantaran loba karumasa … jeung sadar ka na Pangersa Pangeran GUSTI ! Ajengan Salim nyarita :”Emh hanjakal Ipah keur suwung … “ Kakara sakitu nyaritana Ajengan Salim, Jalma bari kaget gancang nanya :” Ka mana deui eta Nyi Ipah teh ?” Kaciri sorana rada hariwang. Gancang wae Ajengan Salim nyaritakeun kadatangan Ki Bejo ti Leuwiseeng; nu saterusna rek disusul cenah ku Nyi Ipah ! Jalma teh teu bisa lila di Wanayasa, terus we harita keneh pamit rek nyusul Nyi Ipah bisi kumaha onam cenah. Nya sarerea ge euweuh nu ngahalangan, lantaran memang inditna Nyi Ipah ngahariwangkeun sarerea; mangkaning Nyi Ipah inditna rek neangan JALMA; padahal Jalma na mah aya di Leuwiseeng kapan. Di na hal ieu nu kacida baluwengna, tangtu we Ki Bejo; asa rumasa salah ngabejakeun warta nu can tangtu benerna ! Nya ti harita Ki Bejo euweuh deui gawena ngan ngadua, supaya boh Nyi Ipah, boh Jalma sing salamet sadaya; bari istighfar terus. Atuh tahajudna ge ayeuna mah Ki Bejo teh getol pisan. Kumaha ari Ajengan Salim jeung Haji Syarif ? Maranehna duaan reueus ka Jalma, nu boga rasa tanggung jawab gede ka papacanganana, nya eta Nyi Ipah. Estu barang ngadenge beja Nyi Ipah euweuh, barang biur we indit; maranehna oge ngadu’akeun pikeun kasalametaan ieu pamuda jeung pamudi. Jalma mimitina biur wae nuju Losari … teu kacatur di jalanna, manehna nepi we ka Losari; tapi barang manehna datang ka imah nu aya di Losari; manehna manggih nu pikareuwaseun pisan. Manehna rek ngagidig tadina ka Markas Singa Barong; tapi manehnaa aya pikiran sejen , terus we ngadatangan Mbah Lanang. Atuh Embah Lanang mani giak pisan narima kadatangan Jalma teh. Tapi Jalma sadu2 moal lila cenah; aya nu ditanyakeun. Mbah Lanang maphum; terus we nyaritakeun masalah imah di Losari; Mawar Hideung keur ngadodog Markas Singa Barong; malah ayeuna keur ngalatih diri nyanghareupan jago2 Singa Barong. Tapi cenah Nyi Ipah mah geus kacilakaan, lantaran tigebrus ka na jurang ! Sajongjongan mah Jalma ngahuleng … terus istighfar sababaraha kali. Emh ku teu nyangka nasib Nyi Ipah nepi ka kituna !? Manehna boga rasa rumasa nu GEDE pisan. Ti na geus ngahianat JANGJI pasini; ayeuna can ge eta masalah dibereskeun kajadian Nyi Ipah cilaka. Bener2 Jalma ngarasa baluweng nu teu aya wates wangenna… ampir2an Jalma kapaehan, mun teu gancang ditulungan mah digibeg gibeg ku Mbah Lanang. Episode 91 Jalma Ngamuk di Markas Singa Barong Hanca
