Episode 91 Jalma Ngamuk di Markas Singa Barong
Tah Jalma teh ngajorag ka Markas Singa Barong eta sanggeus meunang beja ti Mbah Lalang; cenah mah Mbah Lanang ge diundang; jeung bakal hadir. Ah aing mah lain rek lalajo “tarung” tapi rek males kanyeri; mun perlu manehna ayeuna sosoroh amuk di Markas Singa Barong, lantaran ayeuna Jalma ti na sedih, jadi timbul napsu amarahna. Wah can ge tuntas masalah jeung Mawar Hideung, ieu geus datang deui Pamuda nu jigana ngamusuh ka Singa Barong ? Padahal kaciri ti na gerakna elmuna ge mumpuni pisan ! Naha ku loba pisan barudak ngora nu jaradug jaman ieu ? Kitu pikiran Nyoman Sakarta jeung Made Galiga. Ku sabab meunang pangalaman nu pait getir ngalawan Mawar Hideung; Nyoman Sakarta teu wani gagabah, manehnaa hormat pisan, pok nyarita :” Jalma … sampeyan aya urusan naon jeung Singa Barong ? Kaula asa kakara panggih ayeuna jeung sampeyan ?” “Kaula rek nanya soal Nyi Ipah !” Gancang we Nyoman Sakarta nyarita :”Oh mun masalah eta tanya tah dulur kuring Made Galiga; ke Kula aya urusan .” Cek Nyoman Sakarta lalaunan mundur; lantaran kaciri eta si Pamuda waktu ngomong Nyi Ipah, katempo siga amarah pisan; nya manehna ngarasa sieun ; lantaran karasa eta Pamuda nu ngaku Jalma teh, tanaga jerona mumpuni pisan. Made Galiga kaciri rada ambek ka Nyoman Sakarta tapi terus ngawalon; ayeuna mah teu pati wani saperti manehna panggih jeung Mawar Hideung mimiti :” Yeuh Jalma, enya Kula papanggih jeung Pendekar wanoja, nu dibarengan ku pamuda tolol, ngajorag ka dieu; tapi tariking cilaka maranehna tigebrus ka na jurang.” “Jadi sampeyan nu nyababkeun ti gebrusna Nyi Ipah ?” Made Galiga titatadi bari ngomong , manehan mikir rek ngabongohan, nya barang Jalma nyarita kitu manehna ngan sakilat dua tapakna nuju dada eta pamuda ku tanaga 9 bagian; manehna teu yakin bisa ngelehkeun ieu Pamuda Perkasa nu ngaku Jalma; tapi saeutikna bakal mere tempo ka babaturanana pikeun ngepung ieu pamuda ! Plak ! Gusraaak ! Made Galiga langsung tibanting katukang; tina sungutna muncrat getih loba pisan, terus we teu inget di naon2 deui. Teu nyaho hirup keneh teu nyaho geus paeh. Hanca
