deuh aing mah bengkok tikoroooo baaaahhh.... heuheuheu... 2013/2/20 Abbas Amien <[email protected]>
> ** > > > Episode 91 Jalma Ngamuk di Markas Singa Barong > > > > Tah Jalma teh ngajorag ka Markas Singa Barong eta sanggeus meunang beja ti > Mbah Lalang; cenah mah Mbah Lanang ge diundang; jeung bakal hadir. Ah aing > mah lain rek lalajo “tarung” tapi rek males kanyeri; mun perlu manehna > ayeuna sosoroh amuk di Markas Singa Barong, lantaran ayeuna Jalma ti na > sedih, jadi timbul napsu amarahna. > > > Wah can ge tuntas masalah jeung Mawar Hideung, ieu geus datang deui Pamuda > nu jigana ngamusuh ka Singa Barong ? Padahal kaciri ti na gerakna elmuna ge > mumpuni pisan ! > > > Naha ku loba pisan barudak ngora nu jaradug jaman ieu ? Kitu pikiran > Nyoman Sakarta jeung Made Galiga. > > > Ku sabab meunang pangalaman nu pait getir ngalawan Mawar Hideung; Nyoman > Sakarta teu wani gagabah, manehnaa hormat pisan, pok nyarita :” Jalma … > sampeyan aya urusan naon jeung Singa Barong ? Kaula asa kakara panggih > ayeuna jeung sampeyan ?” > > > “Kaula rek nanya soal Nyi Ipah !” > > > Gancang we Nyoman Sakarta nyarita :”Oh mun masalah eta tanya tah dulur > kuring Made Galiga; ke Kula aya urusan .” > > > Cek Nyoman Sakarta lalaunan mundur; lantaran kaciri eta si Pamuda waktu > ngomong Nyi Ipah, katempo siga amarah pisan; nya manehna ngarasa sieun ; > lantaran karasa eta Pamuda nu ngaku Jalma teh, tanaga jerona mumpuni > pisan. > > > Made Galiga kaciri rada ambek ka Nyoman Sakarta tapi terus ngawalon; > ayeuna mah teu pati wani saperti manehna panggih jeung Mawar Hideung mimiti > :” Yeuh Jalma, enya Kula papanggih jeung Pendekar wanoja, nu dibarengan ku > pamuda tolol, ngajorag ka dieu; tapi tariking cilaka maranehna tigebrus ka > na jurang.” > > > “Jadi sampeyan nu nyababkeun ti gebrusna Nyi Ipah ?” > > > Made Galiga titatadi bari ngomong , manehan mikir rek ngabongohan, nya > barang Jalma nyarita kitu manehna ngan sakilat dua tapakna nuju dada eta > pamuda ku tanaga 9 bagian; manehna teu yakin bisa ngelehkeun ieu Pamuda > Perkasa nu ngaku Jalma; tapi saeutikna bakal mere tempo ka babaturanana > pikeun ngepung ieu pamuda ! > > > Plak ! Gusraaak ! Made Galiga langsung tibanting katukang; tina sungutna > muncrat getih loba pisan, terus we teu inget di naon2 deui. Teu nyaho hirup > keneh teu nyaho geus paeh. > > > Hanca > > > -- Dikdik >>gowes 4life, gowes 4ever<<
