Sanggeusna tarung nu sakitu hebatna; tiluana masih hareugeueun; caricing we teu gerak nanaon. Komo deui atuh para pamimpin jeung gorombolan Singa Barong mah euweuh nu wani gerak; ngan ujug2 daratang ti tukangeun para pamimpin pasukan panah.
Ku sabab daratangna ujug2 pisan, teu sempet Ni Luh Santi nyarek atawa mere komando mundur ! Panah geus ting belesur nuju ka Jalma ! Kumaha akibatna ? Lain Jalma nu ngajungkel keuna ku panah ; tapi eta pasukan panah teh ting jarungkel ku panah maranehna sorangan; Jalma ngan ukur sakali ngagibaskeun leungeunna eta panah2 maralik ka nu maranah ! Atuh kabeh mani rareuwaseun pisan. Gancang Ni Luh Santi nitah sakabehna mundur ! Manehna oge ngancam saha wae nu wani2 maju tanpa komando ti manehna, bakal diperenan ku Ni Luh Santi sorangan. Atuh ayeuna mah euweuh hiji ge anggota Gorombolan Singa Barong nu wani nyoba2 deui. Keur kitu kadenge sora seuri nu ngeunah pisan; enya ge karasa rada ketir seurina :” Hahaha ! teu sangka murid Ki Nurustunjung, boga elmu MENGPAR nu hebat pisan ! Hahahaha ! Ana kitu mah lain Ki Nurustunjung nu meunang. Kaula nu sabenerna Jaya ! Hahahaha ! Jaya elmu Mengpar ! Jaya Sanggabuana !” Keur kitu kadinya aya nu luncat bari langsung ngadeukeutan Jalma; kaciri paromanna bengis ! “Guru ! “ Cek Jalma. Nu datang memang guruna, nya eta Ki Nurustunjung, manehna rek ngahormat ieu guru tapi Ki Nurustunjung lain narima malah seuri sinis :”Hehehe … sampeyan geus mumpuni pisan Jalma ! Tapi maneh geus maling2 ti aing; ku diajar elmu nu mengpar ! ayeunaa balikeun elmu ti aing ! Aing teu sudi boga murid saperti maneh !” Atuh ku omongan Ki Nurustunjung kitu, kabeh nu hadir di dinya pada karaget, lantaran teu nyangka Ki Nurustunjung bakal amarah saperti kitu. Keur kitu ngadaratangan Nyi Padmini jeung Mawar Hideung; bari duanana arolohok teu ngarti. “Hahahaha !” Ki Sanggaabuana geus nyakakak deui. “Tah geuning guruna datang ! Hahahaha … Kaula eleh ku elmu Kula sorangan ! Kumaha ayeuna sampeyan !?” Ki Nurustunjung teu nyarita nanaon, langsung wae nyekelan leungeun Jalma; otomatis tanaga jero Jalma ngayakeun reaksi; atuh langsung Ki Nurustunjung luncat ku reuwas2na; lantaran tanagana asa kasedot; terus ku gerak kilat manehna notok urat lumpuh Jalma ! Atuh harita keneh Jalma rubuh, teu daya upaya deui. “Hem … ku sabab maneh geus nyeleweng ti na elmu nu bener ti Kaula; ayeuna Kaula rek nyokot deui elmu nu geus dibikeun ka maneh !” cek Ki Nurustunjung; bari manehna siap2 rek ngagedigkeun peureupnaa ka na embun2an Jalma ! Tapi teu kanyahoaan … jeung euweuh nu nyaho, ti iraha datangna eta jelema nyaho2 geus nakis tonjokan Ki Nurustunjung ! Boh gerakan Ki Nurustunjung boh eta jelema kacida cepetna … euweuh nu bisa nempo kumaha carana !? Heh ! cek sora tina tikoro Ki Nurustunjung. Manehan kaget pisan yen aya “hiji manusa” nu bisa nyaruan kakuataanana; terus wae manehna malik; kaciri hiji jelema nu can kolot2 teuing, tapi paromanna bersih jeung someah pisan, tapi teu weleh kaciri imut. Hanca
